Moal Bisa Ngelebetkeun deui Merah Putih

- 21 Agustus 2023, 07:25 WIB
Ilustrasi: Budi Riyanto
Ilustrasi: Budi Riyanto /galura.co.id./

Ku: NS Priatna

HAMPURA Abah, Aki, moal tiasa ngelebetkeun deui merah putih,” pokna ngagerendeng. Pa­non­na bareubeu. Luk tungkul. Peureum. Tina sela-sela panonna aya nu ngaberebey, terus ngeclakan, maseuhan pipina. Laju, leungeunna, duanana, dikeupeulkeun mani ti pepereket. Ambek, keuheul, jeung ngananaha ka dirina sorangan.

*

UNGGAL ahir bulan Juli, ti keur budak keneh ku bapana jeung ku akina, sok diajak nancebkeun tihang awi saleunjeur nu tungtung luhurna geus dipasang bandera merah putih. Ditancebkeunana di tengah-tengah kebon. Teu pati lega kebonna teh, aya kana 300 tumbak mah. Ku ta­tanggana sok dipelakan palawija, sampeu jeung boled.

Dina eta kebon aya nu tara dipelakan teh, di tengah-tengah. Ngahaja ku akina dibalay make batu tatapakan, bentukna pasagi, kira-kira ukuran dua meter ka dua meter. Ku tatanggana mun keur ngoyos palawijana sok dipake diuk ari reureuh jeung dipake nunda bekel, cai enteh, sangu, jeung nu amis-amis. Daharna oge di dinya, diuk dina batu.

Lebah dinya salawasna beresih, tara bala, ku akina sok mindeng disapuan jeung jukutna dicabutan. Akina mah ka kebonna teh ukur ngabersihan lebah dinya, da apan nu molah kebonna mah tatangana. Dipolah ku akina teu kasiwer, sa­po­poena nunggu kios sembako di pasar kacamatan nu anggang ti imahna aya kana lima kilometeran.

Boh bapana boh akina waktu ma­nehna budak keneh mah tara nyaritakeun ku naon di tengah-tengah kebon dibalay bentukna pasagi sarta unggal ahir bulan Juli sok masang bandera di dinya. Di lemburna mah, akina nu pangheulana ma­sang bandera teh. Ari nu sejenna masang banderana teh lolobana pisaminggueun deui kana agutusan.

Kebonna teh di sisi jalan badag nu rame ku patalimarga. Anu ngaliwat ka dinya hareraneun bet di tengah-tengah kebon dipasang bendera, luhur deuih tepi ka gampang katempo ti kajauhan oge. Umumna mah apan mun agustusan,  bandera dipasangna di hareupeun imah sisi jalan. Ari ieu di tengah-tengah kebon tur masangna ti bulan Juli keneh.

Akina nurunkeun banderana oge awal bulan September. Jadi akina mah dina agustusan pangheulana ngelebetkeun bandera merah putih. Nurunkeunana oge pangpandeurina. Bandera merah putih sabulan campleng ngelebet di tengah-tengah kebon. Banderana nu di­kelebet­keun­ana oge bandera anyar meuli, lain ban­dera taun memehna.

Basa geus umur welasan taun, bapana ngadongeng. Uyutna, aki bapana, jaman pe­rang kamerdekaan ampir perlaya di dinya. Disiksa ku tentara Walanda, pedah teu ngabejakeun ka mana lumpatna parapajuang. Harita uyutna keur aya di  eta kebon, keur ngarit. Walanda manggih tapak, parapajuang marubus ka kebon.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Artikel Pilihan

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x