Rungkad Dinyanyikeun di Istana Merdeka, Kila-Kila?

- 18 Agustus 2023, 20:23 WIB
Kecap rungkad husus dilarapkeunana keur tatangkalan, ngan bisa dipake dina harti injeuman.
Kecap rungkad husus dilarapkeunana keur tatangkalan, ngan bisa dipake dina harti injeuman. /

GALURA –Lagu Rungkad mingkin populer sabada dihaleuangkeun ku Putri Ariani dina Upacara Detik-Detik Proklamasi Kemerdekaan RI di Istana Merdeka, Jakarta, Kemis (17/8/2023).

Ku Rungkad, Putri Ariani ngajogedkeun pamilon Upacara Detik-Detik Proklamasi Kemerdekaan RI di Istana Merdeka. Malah rea tamu ondangan ngarubung Putri Ariani nu ngajaul ngarana sabada milu America Got Talen sawatara waktu ka tukang.

Samemeh dinyanyikeun ku Putri Ariani dina Upacara Detik-Detik Proklamasi Kemerdekaan RI, lagu Rungkag mindeng dihaleuangkeun ku parapenyanyi, salian ti ku nu nyiptakeunana.

Baca Juga: Diluuhan ku Kapolres Majalengka, HUT RI Ka-78 di Majalengka Aya Remisi keur Napi Narkoba jeung Koruptor

Anu nyiptakeun Rungkad teh Vicky Tri Prasetyo sarta dinyanyikeun ku dirina dina kanal Youtube, 22 Agustus 2022. Rungkad viral sanggeus dinyanyikeun penyanyi dangdut Happy Asmara nu kolaborasi jeung The Saxobrothers.Vicky.

Lagu Rungkad teh lagu Jawa koplo. Hartina rumpaka laguna make basa Jawa. Ngan judulna make basa Sunda. Kecap rungkad memang ukur kapanggih dina kosa kata basa Sunda, dina basa Jawa mah teu mikawanoh kecap rungkad. Kitu deui basa sejenna.

Kecap rungkad dilarapkeunana husus keur tatangkalan. Dina basa Indonesia mah rungkad teh tumbang, Contona: Tangkal caringin rungkad waktu aya angin lilimbungan.

Dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2006) diterangkeun rungkad teh runtuh nepi ka jangkarna ngajungkiring. Jangkar di dieu maksudna akar tatangkalan nu rungkad. Akarna tepi ka kaluar ti jero taneuh.

Tacan kakoreh kasangtukangna Vicky nganggit lagu dijudulna basa Sunda ari lirikna basa Jawa. Ngan anu jelas rungkad dina laguna lain harti sabenerna tapi hari injeuman.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah