Kado ti Lapas Kelas II B Majalengka dina HUT ka 78 RI: Napi Kasus Narkoba jeung Koruptor Meunang Remisi

- 17 Agustus 2023, 18:40 WIB
Di Lapas Kelas II B Majalengka dina HUT ka 78 RI anu meunang remisi teh rata-rata napi kasus narkoba jeung koruptor. Remisi keur napi kasus narkoba jeung keur koruptor dipasrahkeun ku Bupati Majalengka, Karna Sobahi, di GGM Majalengka, Kemis (17/8/2023).
Di Lapas Kelas II B Majalengka dina HUT ka 78 RI anu meunang remisi teh rata-rata napi kasus narkoba jeung koruptor. Remisi keur napi kasus narkoba jeung keur koruptor dipasrahkeun ku Bupati Majalengka, Karna Sobahi, di GGM Majalengka, Kemis (17/8/2023). /galura.pikiran-rakyat.com/Ayank R Sambara

GALURA -Kepala Lapas Kelas II B Majalengka, Wawan Irawan nyebutkeun warga binaan nu nampi remisi umum dina HUT ka 78 RI rata-rata kalibet kasus peredaran gelap narkoba, jeung tindak pidana korupsi.

Ceuk Wawan, di Lapas Kelas II B Majalengka warga binaan nu meunang remisi umum dina HUT ka 78 RI jumlahna 205 urang, umumna napi kasus narkoba jeung koruptor. Remisina dipasrahkeun ku Bupati Majalengka di Gelanggang Generasi Muda (GGM) Majalengka (17/08/2023).

Wawan nyebutkeun warga binaan nu jumlahna 205 urang teh nampa remisi umum dina HUT ka 78 RI teh ti mimiti sabulan nepi ka lima bulan. Hiji oge taya nu langsung bebas.

Baca Juga: Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali, Kabupaten Ciamis, Sumanget Mieling HUT ka 78 RI

Tina warga binaan nu meunang remisi umum dina HUT ka 78 RI teh: remisi sabulan 5 urang; remisi dua bulan 60 urang; remisi tilu bulan 55 urang; remisi opatr bulan 19 urang, jeung; nu nampa remisi lima bulan 16 urang.

"Remisi kangge warga binaan Lapas Kelas II B Majalengka saluyu Surat Keputusan (SK) Menteri Hukum dan HAM (Menkumham) RI," ceuk Wawan Irawan.

Ditepikeun Wawan, sakumna warga binaan nu nampa remisi geus asup pasyaratan pikeun nampa remisi. Di antarana, aktif miluan program pembinaan, jeung geus nembongkeun nurunna tingkat risiko.

Lain ngan saukur eta, kalakuanna oge hade dina kurun waktu remisi lumangsung, jeung geus ngalaksankeun pidana minimal genep nu bulan diitung mimiti tanggal ditahanna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah