Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Dadan Konjala, SH Teu Leupas ti Kecap Merdeka

- 17 Agustus 2023, 08:30 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PDI Perjuangan, H. Dadan Konjala, SH teu welèh  nyeluk "merdeka.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PDI Perjuangan, H. Dadan Konjala, SH teu welèh nyeluk "merdeka. /galura.pikiran-rakyat.com/Sopandi

GALURA- Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PDI Perjuangan, H. Dadan Konjala, SH teu welèh nyeluk "merdeka" dina saban bubuka jeung panutupan pidato.

Singhoreng ieu anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Dapil 2 nu dina Pemilu 2024 engkè nyalonkeun deui jadi anggota DPRD Provinsi Jawa Barat. Sajaba ngahartikeun merdeka tèh kabèbasan, ogè nyinggetkeuun ku MERDEKA = MEReketkeun diri DEeukeut KA Alloh.

Milangkala ka 78 Kemerdekaan RI ceuk Abah Aang Deka, nenehna Dadan Konjala, kudu bebas jeung bungah. " Bebas, tapi sanès bèbas kamalinaan, ngarumpak batas. Tapi bebas ngadugikeun kamandang bari sili ajènan, " ceuk Abah Deka ka Galura satutas ngaluuhan Rapat Paripurna Mendengarkan Pidato Kenegaraan Presiden RI di gedong Rapat Paripurna DPRD Kabupaten Bandung, di Soreang, Rebu(16/8/2023).

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medang Perang

Minangka anggota dewan, Abah Deka geus narekah merjuangjeun masarakat sangkan ngeusi kamerdekaan ieu kalawan pinuh kabungah. "Ku ngajalankeun program pamgwangunan. Hartosna aya tarèkah ngabungahkeun masarakat. Upamina program rutilahu, sareng ngelereskeun infrastruktur sanènna, " ceuk Dadan Konjala.

Ku kituna, ceuk kata Abah Deka mun seug dirina teu welèh nyelukeun kecap merdeka dina pidatona minangka panyumanget pikeun pangbubungah dina kamerdekaan. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x