Di Kabupaten Majalengka samemeh Upacara HUT RI ka 78 Panggung Kehormatan Rugrug Ninggang Kuwu

- 17 Agustus 2023, 18:59 WIB
Panggung Kehormatan nu ukuran badag di lapang Desa Sinarjati, Kecamatan Dawuan Kabupaten Majalengka rugrug waktu rek dimimitian upacara bandera HUT ka 78 RI.
Panggung Kehormatan nu ukuran badag di lapang Desa Sinarjati, Kecamatan Dawuan Kabupaten Majalengka rugrug waktu rek dimimitian upacara bandera HUT ka 78 RI. /galura.pikiran-rakyat.com/Ayank R Sambara



GALURA - Panggung Kehormatan nu ukuran badag di lapang Desa Sinarjati, Kecamatan Dawuan Kabupaten Majalengka rugrug samemeh upacara bendera HUT ka 78 RI, Kemis (17/08/2023).

Panggung Kehormatan nu ujug-ujug rugrug ninggang Kepala Desa Salawana, Kecamatan Dawuan Kabupaten Majalengka, tapi teu tatu. Lapang Desa Sinbarjati teh dipake upacara Bendera HUT ka 78 RI tingkat Kecamatan Dawuan.

Salasaurang saksi Taufik nu oge Panwas Dawuan Kabupaten Majalengka, nyebutkeun, Panggung Kehormatan teh ngadak-ngadag wae rugrug saacan lumangsungna upacara bendera HU ka 78 RI. Kabeneran harita Kuwu Salawana keur aya di tukangeungeun panggung.

Baca Juga: Kado ti Lapas Kelas II B Majalengka dina HUT ka 78 RI: Napi Kasus Narkoba jeung Koruptor Meunang Remisi

“Simkuring ningali sateuacan upacara bendera dikawitan, angin kawilang badag, panggung rugrug ninggang Kuwu Salawana,” ceuk Taufik waktu dipanggihan ku wartawan di kagiatan upacara mieling HUT RI di lapang Sinarjati, Kemis (17/2023).

Disebutkeun Taufik, kira-kira jam 08:00 WIB sabagean nu bakal miluan upacara keur ngariung di lapangan Sinarjati, harita memang angin mimiti tarik tur badag pisan.

“Simkuring kacida reuwasna angin narajang panggung dugi ka panggung ngajungkel ka tukang. Alhamdulillah teu aya korban jiwa. Anu tos aya di panggung lalumpatan,” ceuk Taufik.

Inyana lumpat muru tenda panggung ngabantuan nahan panggung sangkan teu ninggang ka nu di dinya. “Alhamdulillah sadayaa masih ditangtayungan ku Allah SWT,” ceuk Taufik.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x