Mamanukan, Seni Helaran Beuki Dipakeresep di Pantura Jawa Barat

- 20 Agustus 2023, 09:00 WIB
Seni Helaran Mamanukan di Pantura Jawa Barat beuki dieu beuki mekar wae, malah mah geus dipikaresep ku masarakat Subang tengah jeung Subang kidul. (Foto screehshoot Youtube).
Seni Helaran Mamanukan di Pantura Jawa Barat beuki dieu beuki mekar wae, malah mah geus dipikaresep ku masarakat Subang tengah jeung Subang kidul. (Foto screehshoot Youtube). /galura.co.id/Nanang S

Galura co.id -ARAK-ARAKAN atawa seni helaran mamanukan mekar di Pantai Utara (Pantura) Jawa Barat Subang, Indramayu, Karawang, malah tepi ka Cirebon. Disebut mamanukan lantaran wangunna kawas manuk.

Sebutan mamanukan keur seni helaran di Pantura Jawa Barat, teu beda jeung sebutan sisingaan lantaran bentukna kawas singa. Mamanukan beuki dipakeresep ku masarakat Pantura, malah ku masarakat Subang tengah jeung Subang kidul.

Teu beda jeung sisingaan, boh di Pantura boh daerah sejenna di Pantura Jawa Barat, seni helaran mamanukan oge digotong, sarta sok ditumpakan ku nu disunatan jeung ku nu digusaran (peperan). Dibaring-abring mapay jalan.

Baca Juga: Pinunjul Festival Drama Basa Sunda, Asup ISBI Teu Kudu Tés

Mamanukan sok dieuyeuban ku gotongan bentuk sato sejenna, gajah, naga, malah mah dinosaurus jeung buroq. Dina helaranana sok dieuyeuban ku bobojegan, nu make pakean badut.

Dina seni helaran mamanukan oge sok dilengkepan ku kuda renggong atawa kuda biasa nu dirarangkenan. Ku urang Pantura diseutna Jaran Urip, kuda hirup, lantaran lain kukudaan.

Musik nu mirig mamanukan lain tepak kendang jaipongan, ketuk tilu, atawa penca, tapi musik has Pantura atawa cirebonan nu dimekarkeun tina tarling. Lain tina kaset, tapi live.

Nayaga nabeuh waditrana dina mobil kolbak, nu nembangna aya nu bari leumpang aya oge nu diuk dina mobil, ngahiji jeung nayaga. Soundsystem dibawa ku mobil treuk engkel.

Baca Juga: Rosikin WK, S.Sn., M.Sn., Motékar dina Tari, Musik, jeung Lagu Pop Sunda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x