Rosikin WK, S.Sn., M.Sn., Motékar dina Tari, Musik, jeung Lagu Pop Sunda

- 1 Agustus 2023, 20:00 WIB
Rosikin WK.*
Rosikin WK.* /Dok. REA/Galura/

 

ROSIKIN Wikandia, leuwih dipikawanoh ku sebutan Rosikin WK, seniman multitalenta nu kamampuhna dina widang seni Sunda beunang disebutkeun rageman.

Minangka korografer, ieu nonoman nu gumelar di Sumedang, 15 Maret 1965, téh tepi ka kiwari geus nyiptakeun 127 karya tari kontemporer,  ngawengku 40 tari kontemporer kolosal keur barudak, 30 karya tari kontemporer kolosal, karya tari bentuk nu jumlahna 27, jeung komposisi karawitan nu jumlahna 20, katut jenis tari nu séjénna.  

Atuh dina widang Pop Sunda, karya cipta laguna geus puluhan. Dina kanal Youtube-na, ieu lulusan Sekolah Tinggi Seni Indonesia/STSI (ayeuna Institut Seni dan Budaya Indonwsia/ISBI) taun 1995 téh galituk ngahaleuangkeun sawatara lagu ciptaanana.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Agustus 2023, Hari Sungai Nasional Tarekah Nyalametkeun Walungan

Naha karya lagu Pop Sunda téh can diédarkeun dina wangun CD (compact disc)?

“Masih noong heula pasar, Kang, jeung deuih masih resep nyieun lagu téh keur jualeun ka nu pesen,” pokna.

Ieu Dosen Tetap Fakultas Ilmu Seni dan Sastra – Universitas Pasundan (FISS Unpas) téh kakara réngsé nyiptakeun dua lagu versi Sunda pameredih IKA Unpas, anu judulna Karatagan jeung Himne Unpas, dieuyeuban ku lagu Mars-na. Inyana ge, kakara réngsé nyumponan dua karya lagu pameredih tim sukses calon Presiden.

“Ngan can waka dipasrahkeun éta karya lagu téh, nungguan heula bayaranna. Bayaran lunas, laguna dipasrahkeun, jeung urang partai mah kudu ati-ati,” pokna bari nyakakak genah nakeran.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x