GALURA -Angklung geus ditetepkeun ku Organisasi Pendidikan dan Kebudayaan PBB (UNESCO) jadi warisan budaya tak benda (WBTB), sarta tanggal 16 November ditetepkeun jadi Hari Angklung Sadunya.
Angklung teh seni jeung waditra asli Tatar Sunda, lain waditra nu asalna ti nagri deungeun atawa kapangaruhan ku waditra sejen. Anglung estu seni jeung waditra nu holna tina budaya Sunda.
Ceuk Anis Jatisunda suwargi, angklung dalit pisan jeung kahirupan urang Sunda, anu hirup dina lahan tatanén huma. Nyawah di Sunda mah beh dieu sanggeus Priangan dijajah ku Mataram.
Baca Juga: Nugaskeun Tb. Hasanuddin, PDIP P Siap Ngadeudeul Pasanggiri Penca Tradisional
Artéfak Angklung masih katara, karasa, karampa tepi ka kiwari, di antarana di masarakat Kanekes (Baduy), di masarakat Ciptagelar, jeung masarakat anu masih kénéh maké tali paranti dina ngolah lahan tatanén,
Ti mimiti ngaseuk di huma atawa tebar di sawah tepi ka nyalin dianteur ku seni Angklung.
Di sababaraha daérah seni Angklung masih sok ditarabeuh dina acara ritual tatanén, saperti Angklung Bungko di Cirebon, Angklung Gubrag di Cigudeg Bogor, Angklung Buncis, jeung Angklung Réak di Bandung.
Angklung buhun sejenna: Angklung Dogdog Lojor di Ciptagelar, Sirnaresmi Sukabumi; Angklung Badéng di Limbangan Garut jeung Tasikmalaya; Angklung Seréd di Cisayong Tasikmalaya.
Baca Juga: Lukisan 'Imaji Barong' Karya R Cahyadi Jang Paméran Sa-Asia Tenggara