Mikawanoh Tradisi 'Ngapem' atawa Babagi Apem di Karaton Kanoman Cirebon, Teu Nuang Sangu Salila Sabulan

- 25 Januari 2023, 16:30 WIB
Tradisi Ngapem di Keraton Kanoman Cirebon/Galura/Dok Aaam Permana S
Tradisi Ngapem di Keraton Kanoman Cirebon/Galura/Dok Aaam Permana S /

 

GALURA - Naon ari tradisi ngapem?

Tradisi ngapem teh acara husus nu digelar di Karaton Kanoman Cirebon unggal Rebo Wekasan.

Samemeh ngapem, salila 40 poe dina bulan Sapar, kulawarga karaton teu nuang sangu jeung beubeutian lianna anu ngandung karbohidrat.

Baca Juga: Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

“Tradisi ngapem teh minangka titinggal karuhun nu dugi ka ayena teras dipupusti sareng dirumat,” cek Ratu Raja Arimbi Nurtina, “humas’ Karaton Kanoman Cirebon, dina hiji waktu ka wartawna kaasup Galura.

Nalika ngalakonan eta tradisi, kulawarga Kasultanan Kanoman ngarumpul di Bangsal Prabayaksa bari ngariung kueh apem nu jumlahna kurang leuwih 1600.

Sabada acara dibuka, nu haladir maca solawat tur dipungkas ku doa salamet sarta doa nyinglar cocoba sarta musibah nu nurutkeun  kayakinan kulawarga Karaton, sok kajadian dina unggal bulan Safar.

Baca Juga: David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

Beres eta, apem tea dibagikeun ka masarakat nu ngagimbung di sabudeureun bangsal sarta warga di luareun karaton.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x