Jawa Barat teh Geuninganan Provinsi Waduk

- 25 Januari 2023, 12:00 WIB
Waduk Leuwi Keris di Kabupaten Ciamis, leuwih ngantebkeun Jawa Barat teh Provinsi Waduk.
Waduk Leuwi Keris di Kabupaten Ciamis, leuwih ngantebkeun Jawa Barat teh Provinsi Waduk. /

GALURA -Provinsi Jawa Barat di nagara urang panglobana dina soal waduk atawa bendungan. Di Provinsi Jawa aya lima waduk nu baradag jeung kaasup stratgis keur Nasional.

Di Provinsi Jawa Barat nu pangheulana dibangun teh Waduk Darma di Kuningan mimiti dibangun taun 1965, ngan rengsena taun 1972. Kadua Waduk Jatiluhur di Kabupaten Purwakarta, taun 1967).

Waduk nu katilu di Provinsi Jawa Barat  Waduk Saguling (1986); kaopat Waduk Cirata (1988), jeung; kalima Waduk Jatigede di Sumdang nu mimiti dicaian taun 2015.

Baca Juga: Totonden ti Gunung Dukuh, Cinyusu Saat Nagara Bakal Riweuh

Naha di Provinsi Jawa Barat loba wadukna? Wewengkon Provinsi Jawa Barat diwengku ku gunung jeung pasir nu parentul sarta walunganana kawilang loba.

Kementerian Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat (PUPR) ngarencanakeun ngawangun deui waduk sejenna di Provinsi Jawa Barat.

Dumasar rarancang mah di Provinsi Jawa Barat bakal lahir deui tujuh waduk anyar.

Waduk nu rek dibangun teh Waduk Kuningan, di Kabupaten Kuningan (221.59 hektar); Waduk Cipanas pernahna di tapel wates Kabupaten Sumedang jeung Indramayu (1.444 hektar).

Baca Juga: Kaayaan Nagara ti Leuweung Dukuh Desa Jagabaya, Aman?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x