GALURA- Ketua KONI Kabupaten Bandung periode 2015-2019-2019-2023 Herda M Gani miharep KONI Kabupaten Bandung periode 2023-2027 dina kapamingpinan Yana Suryana tetep guyub.
Yana Suryana kapilih sacara aklamasi jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung ngaganti n Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung 2 periode saméméhba Herda M Gani dina Musyawarah Olahraga Kabupaten (Musrokab) KONI Kabupaten Bandung, Salasa (24/01/2023).
Herda satutas Musrokab nu lumangsung di Gedung Pandawa Pangkalan TNI AU Sulaiman Kecamatan Margahyu miharep, KONI Kabupaten Bandung dina kapamingpinan Yana tetep guyub.
Baca Juga: KPU Kabupaten Bandung: Pileg 2024 Kabupaten Bandung Masih Marebutkeun 55 Korsi
“Guyub dasar utama supaya kinerja aman, tur target kahontal, " pokna.
Ngeunaan target KON Kabupaten Bandung ngaraeh 100 medali dina Porprov Jabar 2026 engke, Herda nganggap eta relistis. "Insyaalloh kahontal, ku gawé sumanget jeung kolaborasi, " ceuk Herda.
Herda nyebutkeun, supaya atlet teu pindah ka daerah séjén, KONI Kabupaten Bandung mibanda program nu eksekusina di kapemimpinan Yana. *** Sopandi