Nugaskeun Tb. Hasanuddin, PDIP P Siap Ngadeudeul Pasanggiri Penca Tradisional

- 1 Februari 2023, 10:30 WIB
PDI P bakal ngagelar pasanggiri penca tradisional, jeung ngamotekarkeun pauyuban seni di Jawa Barat.*
PDI P bakal ngagelar pasanggiri penca tradisional, jeung ngamotekarkeun pauyuban seni di Jawa Barat.* /

 

GALURA -Anggota DPR RI Komisi I ti Fraksi  PDI P dapil IX Jawa Barat (Sumedang, Majalengka, Subang), Tb Hasanuddin bakal ngagelar pasanggiri penca tradisional.

“Padepokan penca jumlahna rebuan sumebar di desa-desa. Pikeun nguniangkeun deui penca tradisional simkuring saparakanca ti PDI P siap ngadeudeul pasanggiri penca tradisional," pokna.

Lian ti bakal ngagelar pasanggiri penca tradisional inyana jeung PDI P oge bakal ngahirupkeun deui  tari jaipong nu kiwari  geus kaluar ti pakem-pakem budaya Sunda.

Baca Juga: Lukisan 'Imaji Barong' Karya R Cahyadi Jang Paméran Sa-Asia Tenggara

Lain ngan saukur eta wae, pihakna bareng jeung rengrengan PDIP bakal nyobaan ngaguar deui seni  jeung budaya nu ampir tilem. Di antarana, beluk pantun katut seni budaya lianna di daerah.

"Sapertos Ronggeng Gunung ti Ciamis, eta bakal diguar pikeun leuwih dijomantarakeun deui. Dina hal ieu bakal digarap  babarengan sareng TVRI, RRI katut lembaga-lembaga lianna," ceuk Tb Hasanuddin

Dina ngamotekarkeun paguyuban seni di Jawa Barat Tb Hasnuddin ngajak  gawe bareng ka Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI).

“Gawe bareng sareng pihak sanes, kalebet sareng ISBI, diperyogikeun pisan kanggo motekarkeun paguyuban seni di Jawa Barat. Seni sareng budaya teu tiasa dipisahkeun sareng karakter bangsa," ceuk Tb. Hasanuddin.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x