H. Amim Meriatna Subhan: Jadi Pinunjul FTBI Kabupaten Bandung Ulah Jadi Udagan

- 14 September 2023, 16:02 WIB
Kasi Pembinaan dan Pengembangan SD Disdik Kabupaten Bandung, H. Amim Meriatna Subhan, S. Pd., M. Pd.
Kasi Pembinaan dan Pengembangan SD Disdik Kabupaten Bandung, H. Amim Meriatna Subhan, S. Pd., M. Pd. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Kasi Pembinaan dan Pengembangan Bidang SD Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Bandung, H. Amim Meriatna Subhan, S. Pd. M. Pd ngabagèakeun siswa SD para pinunjul Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat kecamatan.

Can lila ieu sababaraha kecamatan ti 31 kecamatan di Kabupaten Bandung ngayakeun FTBI tingkat kecamatan. Di antarana Kecamatan Soreang ngagelar FTBI tanggal 12 Agustus 2023 di SDN 2 &3 Soreang.

Tina ieu acara salasahijina ngahasilkeun pinunjul ka- 1 Nulis Carita Pondok, Yunika Putri Nurfadillah kelas 6 SDN Pamoyanan, Kecamatan Soreang.

Baca Juga: Kampung Kuta, Kampung Adat di Ciamis, Kungsi Nyuguhan Pasukan Pajajaran

Kecamatan Arjasari ngagelar FTBI tanggal 9 September 2023. Tina ieu kagitan Umar Rasha Ardiansyah jeung Naira Zulfa Tamata kelas 5 SD Lebakwangi 01, Kecamatan Arjasari jadi pinunjul kahiji putra jeung putri.

"Para pinunjul sareng nu sanèsna badè matandang di FTBI tingkat Kabupaten Bandung nu rencanana dilaksanakeun sasih Oktober 2023," ceuk Amim Meriatna Subhan.

Inyana miharep ka pamilon, jadi pinunjul ulah jadi udagan. "Nu utama, aub kalayan sumanget niat nanjeurkeun budaya Sunda," ceuk Amim Meriatna Subhan di rohang gawèna kamari, 13 September 2023.

Baca Juga: Galuh Jadi Ciamis  Aya Dugaan Udagana keur Megatkeun Dinasti Galuh

Di tingkat Kabupaten Bandung engkè ceuk Amim pamilon ti 31 kecamatan baris dipilih pinunjul ka- 1 tepi ka ka-3. Pinunjul ka-1 ti saban kategori lomba baris jadi wawakil Kabupaten Bandung di tingkat Jawa Barat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah