Kampung Kuta, Kampung Adat di Ciamis, Kungsi Nyuguhan Pasukan Pajajaran

- 14 September 2023, 15:00 WIB
Masjid di Kampung Kuta Kabupaten Ciamis. Masarakat Kampung Kuta tetep pageuh nyekel tradisi.
Masjid di Kampung Kuta Kabupaten Ciamis. Masarakat Kampung Kuta tetep pageuh nyekel tradisi. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ti Kota Ciamis ka Kampung Kuta anggangna kurang leuwih 47 kilometer. Perenahna sisi Ci Jolang, walungan nu dipake tapel wates Provinsi Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Ngajugjug ka dinya bisa ti Kawali, ti Ciamis, ti Cisaga jeung ti Kota Banjar.

Ti Rancah ka Kampung Kuta kurang leuwih 16 kilometer, ari ti kantor Kacamatan Tambaksari mah moal leuwih ti 5 kilometer. Ayeuna mah jalanna geus hade geus diaspal hotmix, ngan jalan nu rek ka Kamung Kuta nu goreng keneh teh, basa Galura ngaluuhan Nyuguh (10/09/2023),

Di Kabupaten Ciamis mah Kampung Kuta teh hiji-hijina ¬komunitas masarakat adat sarta nyeungitkeun ngaran Ciamis. Taun 2002 Kampung Kuta meunang hadiah Kalpataru. Anu masrahkeunana Presiden Megawati Soekarnoputri, di Istana Negara. Atuh Kampung Kuta teh padangadeugdeug.

Baca Juga: Pangguyangan, Liliwatan Siluman, Kebon Nini Atem, jeung Maung Kajajaden di Desa Selacai Ciamis

Masarakat Kampung Kuta ¬dipeunteun mampuh miara, ¬ngamumule, jeung ngajaga ¬leuweung nu aya di kampungna. Leuweungna teh dianggap karamat sarta disebut Leuweung Ageung, legana ngahontal 40 hektar. Najan kitu, ari usum halodo mah urang Kuta teh tigerat ku cai lantaran Leuweung Ageungna handapeun kampung.

Tadina rek dijadikeun puseur Karajaan Galuh

Dumasar legenda (carita rayat), wewengkon anu ayeuna disebut Kampung Kuta tadina rek dijadikeun puseur Karajaan Galuh. Anu boga rarancangna teh Prabu Ajar Sukaresi. Tapi sanggeus diroris henteu jadi. Sakurilingeun Kampung Kuta teh gawir nu lungkawing (tebing). Prabu Ajar Sukaresi nyebutkeun engkena puseur dayeuh moal bisa mekar.

Ngaran eta wewengkon, Kuta, oge luyu jeung kaayaan alam. Kuta hartina gawir nu jangkung. Ceuk sakaol deui pangna Kuta teu tulus jadi puseur dayeuh Karajaan Galuh lantaran Prabu Ajar Sukaresi teu mampuh ngajugjug ka lelewek Patang Ngewu Domas. Prabu Ajar Sukaresi ahirna netepkeun puseur karajaan Galuh teh di Karangkamulyan.

Minangka bukti rek dijadikeun puseur dayeuh karajaan Galuh di Kampung Kuta kapanggih semen beureum nu ngagugunung sarta ayeuna ngaranna Gunung Semen. Lian ti eta, aya kapur nu legana saparapat hektar jeung batu tatapakan di Gunung Gede atawa di Leuweung Ageung. Eta kabeh oge cenah tadina bahan bangunan.

Najan teu tulus jadi puseur Karajaan Galuh, ka wewengkon Kuta ngarongheap Ki Raksa Bumi nu ku urang Kuta leuwih dipikawanoh ku sebutan Ki Bumi. Ki Bumi teh titahan Raja Galuh keur miara atawa ngajaga titinggal Raja Galuh waktu rek ngajadikeun Kuta jadi pusat Karajaan Galuh.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x