Gunung Guntur, nu Dipedar dina Tradisi Lisan

- 23 Agustus 2023, 12:00 WIB
Gunung Guntur di Garut, mibanda sasala nu aya  patalina jeung Timbanganten (Foto: Banhub Jabar)
Gunung Guntur di Garut, mibanda sasala nu aya patalina jeung Timbanganten (Foto: Banhub Jabar) /galura.co.id/Nanang S

GALURA.CO.ID -Gunung Guntur nu pernahna di Kecamatan Tarogong Kabupaten Garut, Jawa Barat, mibanda kawasan hutan Dipterokarp Bukit, hutan Dipterokarp Atas, hutan Montane, jeung Hutan Ericaceous atawa hutan gunung.

Gunung Guntur, luhurna 2.249 meter tina beungeut cai laut (dari permukaan laut), kaasup gunung berapitipe stratovolcano, pernahna di Sirnajaya, Tarogong Kaler, Kabupaten Garut.

Ieu gunung teu pajauh jeung gunung-gunung sejenana nu ngurilingan Kota Garut. Nu matak kaharti jaman Walanda Kota Garut dilandi Swiss van Java. 

Baca Juga: Sasakala  Daun Pulus Jadi Merang, Asalna tina Peurah Oray Sanca

Kiduleun Gunung Guntur: Gunung Putri  nu peunteung-eunteung jeung Gunung Cikuray sarta Gunung Papandayan. Kuloneun Gunung Guntur: Gunung Masigit, Gunung Paru­puyan, jeung gunung sejenna.

Ku sabab kaluar cipanas nu ngandung walirang, di tutugan Gunung Guntur, di Kecamtan Tarogong, jadi tempat wisata.

Di ponclot Gunung Guntur aya kaldera nu lega pisan jeung jero. Ieu kaldera balukar tina bituna Gunung Guntur taun 1800-an nu kacatet 21 kali.

Disawang ti kajauhan ponclot Gunung Guntur siga nu anyar urug, taya tatangkalan. Eta teh alatan karakteristik Gunung Guntur umumna keusik tepi ka tutuwuhan teu hirup sarta tembong angar.

Najan kitu sabagean kawasan loba eurihan, disawang ti kajauhan mah siga savana. Di ponclotna ukur aya babaraha  hiji tangkal cantigi.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x