Tas Ransel Multifungsi, Inovasi Eiger anu Kainspirasi ku Kaarifan Lokal

- 29 Agustus 2023, 23:05 WIB
Oki Lutfi Nurdin nembongkeun kreasi jeung inovasi rancangan tas multi fungsi dina kagiatan hasil kreasi jeung inovasina nu mangrupa tas ransel multifungsi dina kagiatan
Oki Lutfi Nurdin nembongkeun kreasi jeung inovasi rancangan tas multi fungsi dina kagiatan hasil kreasi jeung inovasina nu mangrupa tas ransel multifungsi dina kagiatan /PRMN/

GALURA - Oki Lutfi Nurdin ti Product Research & Development PT Eigerindo Multi Produk Industri, némbongkeun hasil kreasi jeung inovasina nu mangrupa tas ransel multifungsi dina kagiatan Journalist Camp PRMN X Eiger 2023 di Sari Ater CamperVan Park, Ciater, Kabupaten Subang, 24 Agustus 2023 kaliwat.

Éta kreasi hasil karya Oki téh ditembongkeun ka para peserta kémping, para jurnalis nu ngagabung di  Pikiran Rakyat Media Network (PRMN) area Bodebek jeung Jawa Barat. Dina éta kagiatan, Oki nepikeun materi nu jejerna “Dunia Petualangan Alam Bebas di Indonesia”.

Tas ransel hasil rancangan Oki anu bahanna tina alumunium, kalawan beuratna 2,5 kg téh, mungguh matak pikatajieun. Bisa multifungsi. Mun seug kaén ranselna dileupas, frame-na bisa dipaké pikeun mawa rupa-rupa barang. Malah, bisa ogé dipaké ngagandong jalma anu cilaka nalika naék-turun gunung.

Baca Juga: Galih Donikara: ‘Liputan di Alam Bebas kudu Siap Sagala Rupana’

Inovasi Oki dina ngarancang tas ransel anu multifungsi, mungguh pujieun, tur matak ngogan kakagum pikeun para peserta. Lebah dieu, Oki teu bisa disapirakeun. Kapan pangalaman jeung prestasina dina desain téh lain saukur catur tanpa bukur.  Inyana kungsi nyangking sababaraha penghargaan dina widang desain, boh  di Indonesia boh di mancanagara. Urang sebut baé di antarana, Winner Golden Bauhinia Cup of China - ASEAN Industrial Design Competition (2020 jeung 2022), Winner Golden Pin Design Award , Taiwan (2020 jeung 2021), Best 3 Concept Indonesia Good Design Selection (2020), Winner Good Design Indonesia (2020), Grand Award Indonesia Good Design Selection (2019), katur Best Winner Good Design Indonesia (2017 jeung 2021).

Iwal ti ngulik desain, Oki Lutfi mibanda sawatara pangalaman dina widang ekspedisi alam. “Kaleresan iwal ti resep kana desain téh, sim kuring gé resep kana dunya adventure sareng ekspedisi. Nya ahirna katiasa kana ngadesain téh digabungkeun sareng dunya ekspedisi,” ceuk ieu pamuda nu katingal andalemi téh.     

Pangalaman dina widang ekspedisi, di antarana Eiger Rock Climbing Expedition (Tana Toraja, Sulawesi Selatan 2004), Eiger Rock Climbing Expedition (Gunung Kelud, Kediri, 2009), Climbing Mount Eiger Swiss  (2011), Eiger Black Borneo Expedition 1 (Merabu Kalimantan Timur, 2015), Eiger Black Borneo Expedition 2  (Beriun Kalimantan Timur, 2016), National Geographic Indonesia on Assignment (Kepulauan Togean, Sulawesi Tengah, 2016), Eiger Ekspedisi 28 Gunung (Gunung Dempo Sumatra Selatan, 2018), katut Eiger Rock Climbing Expedition (Tebing Mandu Enrekang, Sulawesi Selatan, 2022).

Baca Juga: Khansa Syahla Aliyah: ’Bandera Merah Putih nu Ngelebet di Ponclot Gunung Elbrus, Hiber Kabawa Angin’

Oki Lutfi diapit ku pangjejer acara/panumbu catur Tama Randy jeung Kuns Kurniawan.*
Oki Lutfi diapit ku pangjejer acara/panumbu catur Tama Randy jeung Kuns Kurniawan.*

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x