Warung Mang Engkus di Panawangan Ciamis Medalkeun Sarjana UPI Bandung

- 27 Agustus 2023, 07:11 WIB
Warung Mang Engkus di Desa Mekarbuana, Kecamatan Panawangan, Kabupatenm Ciamis, di sisi jalan nagara Ciamis-Cirebon, ngahasilkeun sarjana UPI Bandung.
Warung Mang Engkus di Desa Mekarbuana, Kecamatan Panawangan, Kabupatenm Ciamis, di sisi jalan nagara Ciamis-Cirebon, ngahasilkeun sarjana UPI Bandung. /galura.co.id/Nanang S

GALURA.CO.ID –Katelahna teh warung Mang Engkus, make ngaran nu bogana, Engkus. Tapi warungna mah taya merekan. Pernahna di sisi jalan nagara Ciamis-Cirebon, di Desa Mekarbuana, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis.

Mun urang holna ti kidul, warung Mang Engkus sanggeus Gardujaya, samemeh Desa Sadapaingan, beulah katuhu. Desa Mekarbuana teh desa pamakeran ti Desa Sadapiangan. Ari Desa Sadapaingan pernahna di tapel wates Kabupaten Ciamis jeung Kabupaten Majalengka.

Ti Gardujaya aya kana sakilometer mah. Ari ka Cikijing Kabupaten Majalengka sakira 12 kilometaran. Lain di tempat rame warung Mang Engkus teh. Tapi di sisi kebon nu rada harieum. Teu jauh ti walungan Cijolang nu jadi tapel wates Kabupaten Kuningan jeung Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Sega Jamblang Kuliner Has Cirebon, Lain Ukur Pedah Dibungkus ku Daun Jati

Lebah dinya aya dua warung sejenna nu ngajajar. Ari warung Mang Engkus mah rada nenggang. Pangkalerna mun urang jolna ti kidul mah, ti Gardujaya. Di warung Mang Engkus disadiakeun gorengan tahu tempe make tipung, pisang. Digorengna di dinya keneh.

Kadaharan sejenna: sangu koneng jeung nasi bakar nu geus dibungkusan. Tambah deui inuman dina kemasan jeung kopi. Pangramena warung Mang Engkus mah. Padahal anu didagangkeunana sarua jeung warung gigireunana.

Salasahiji daya tarik warung Mang Engkus teh nasi bakar. “Enak,” ceuk salasaurang nu nyimpang. Inyana tepi ka beak dua bungkus nasi bakar. Deungeunna mah goreng tahu jeung goreng tempe nu make tipung tarigu dicampur tipung beas.

Nasi bakar jeung sangu koneng mah meunang nyieun di imahna, di Desa Gardujaya. Gorengan wungkul nu ngadadak dijieun di dinya mah. Bukana ti isuk-isuk tepi ka sore.

Baca Juga: Mawakeun dina Mapag Ramadan, Kiwari Kari Waasna

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x