Toponomi Tasikmalaya, Pasir nu Ngalayah di antara Tasik di Tawang Galunggung

- 25 Februari 2023, 09:30 WIB
Gapura Kabupaten Tasikmalaya. Ceuk sakaol toponomi Tasikmalaya tina kecap tasik jeung ngalayah.
Gapura Kabupaten Tasikmalaya. Ceuk sakaol toponomi Tasikmalaya tina kecap tasik jeung ngalayah. /galamedianews.com

GALURA -Wewengkon Tasikmalaya nu ayeuna ngawengku Kabupaten Tasikmalaya jeung Kota Tasikmalaya mibanda sajarah nu kawilang panjang. Baheulana pisan mah ngaranna téh Tawang atawa Galunggung, pedah teu jauh ti Gunung Galunggung

Tasikmalaya oge baheulana mindeng disebut Tawang-Galunggung. Hartina Tawang teh sawah atawa tempat nu lega pisan, ampah, topografina. Ceuk sakaol mucunghulna ngaran Tasikmalaya sanggeus Gunung Galunggung bitu.

Balukar Gunung Galunggung bitu di tempat anu lega bieu jadi loba talaga atawa tasik (bs. Malayu). Malaya asalna tina kecap (ma)layah, nu hartina ngalayah, loba di tempat nu datar, sumebar di tempat nu lega jeung datar atawa Tawang.

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Jadi we disebut Tasikmalaya nu hartina tasak atawa talaga nu (ma)layah nu ngalayah, aya di mana-mana di sabudeureun Tawang.

Lian ti eta, alatam Gunung Galunggung bitu, di Tawang jadi loba pasir, pasir leutik. Pasir leutikna teh gundukan keusi nu lila ti lila pinuh ku tatangkalan.

Pasirna teh pating arenclo dina tasik (talaga) nu jumlahna loba. Ceuk sakaol deui, Tasikmalaya hartina tasik nu ngalayah di antara pasir nu parental.

Ngan ayeuna mah pasir leutikna nu tadina gundukan keusik geus euweuh hiji-hiji acan. Pasirna dikaralian diala keusikna, da tadina oge gundukan keusik, keusik Gunung Galunggung.

Tasikna oge tinggal hiji: Situ Gede, di tapel wates Kabupaten Tasikmalaya jeung Kota Tasikmalaya.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x