Pangguyangan, Liliwatan Siluman, Kebon Nini Atem, jeung Maung Kajajaden di Desa Selacai Ciamis

- 13 September 2023, 09:00 WIB
Gang Cicadas, Blok Awingajajar, Dusun Ciheras, Desa Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, kacatur loba kajadian aneh-aneh.
Gang Cicadas, Blok Awingajajar, Dusun Ciheras, Desa Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, kacatur loba kajadian aneh-aneh. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Di Kampung Ciheras, Desa Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis, opat belas kilometer kalereun Kota Ciamis, aya hiji lelewek anu kacaturkeun rea hal-hal nu ahéngna, katelahna Pangguyangan.

Eta lelewek teh pernahna di Blok Awingajajar, di sisi gang di Cicadas, Masih keneh bawahan Kampung Ciheras.

Gang Cicadas kaliwatan ku jalan kabupaten nu leucir dihotmix, nepungkeun Ciheras-Ciongka nu tepung jeung jalan Buniseuri-Ciongka-Kawali. Ti Ciheras, ti Bale Desa Selacai, anggangna kira-kira 700 meteran, kuloneunana.

Baca Juga: Panineungan Ngala Haremis, Sumber Protein ti Alam

Mengkolna ti pertelon jalan Nasional Ciamis-Cirebon, ti lebah pasar desa. Jalanna nanjak, malah memeh Pangguyangan mah netek pisan. Kenca katuhueunana paimahan.

Beak jalan netek, atra, beulah wetan, wewengkon nu katelah Erpah atawa Sindangrasa. Wewengkon Desa Selacai lelegana memang ayana dina lengkob, dihapit pasir nu manjang.

Ieu desa nu mibanda bale desa agreng ti taun 1960-an mula, kaliwatan ku Ci Muntur, walungan nu sungapanana ti Sukamantri, deukeut Panjalu sarta ngamuara ka Ci Tanduy, di Karangkamulyan, Bojong, Ciamis.

Pangguyangan

Duka kumaha éta tempat dingaranan Pangguyangan nu hartina tempat guyang. Naha tadina tempat paranti guyang? Dipapay raratanana taya anu apaleun ngeunaan asal-usul atawa toponomi pangna eta tempat dingaranan Pangguyangan teh.

Baca Juga: Bulan Mulud, Makam Sunan Pada di Karedok Kabupaten Sumedang Loba nu Ngajarohan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x