Bulan Mulud, Makam Sunan Pada di Karedok Kabupaten Sumedang Loba nu Ngajarohan

- 8 September 2023, 13:00 WIB
Makam Sunan pada di Karedok Kecamatan Jatigede, Kabupaten Sumedang.  Bulan Mulud loba nu ngajarohan.
Makam Sunan pada di Karedok Kecamatan Jatigede, Kabupaten Sumedang. Bulan Mulud loba nu ngajarohan. /

 

GALURA.CO.ID -Wilujeng Sumping. Situs Karamat Sunan Pada (Ayahanda Ratu Cukang Gedeng Waru). Kitu uni tulisan pangbagea keur nu rek jarah ka Situs Karamat Sunan Pada teh. Perenahna, situs teh, di Dusun Cisahang Desa Karedok, Kacamatan Jatigede, Kabupaten Sumedang, desa nu nyesa tina diwangunna Bendungan Jayigede.

Memeh anjog ka wewengkon situs, Galura kudu luut-leet kesang heula. Enya, tuda lalampahan nu kudu disorangna kawilang jauh. Tapi alhamdulilah, sok sanajan rada lila, antukna Galura anjog ka nu dituju, ka makam Sunan Pada tea.

Tokoh kasumedangan

Teu rea katerangan soal Sunan Pada teh. Catetan kucel hasil ngobrol jeung almarhum Raden Gumilar, hiji inohong Sumedang nu nalika jumengna sok nepungan Galura di Tanjungsari, puluhan taun kalarung, malah ka Kantor Redaksi Galura oge mindeng.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Niskala Wastu Kancana

“Mun ayi hoyong terang saha nu nyebarkeun elmu ma’rifat jeung kasumedangan, Eyang Sunan Arya Pada namina,” pokna harita. Ceuk inyana, Sunan Pada teh hiji tokoh Sumedang nu oge gede jasana keur leuwih sumebarna agama Islam di wewengkon Kabupaten Sumedang jeung wewengkon Cirebon.

Nalika jumenengna, pikiran jeung ajaran Sunan Pada ngeunaan Islam, disebut-sebut gede pangaruhna keur balarea di jamanna, boh di Sumedang, Cirebon, Majalengka, boh di wewengkon sejenna. Ajaranana dina marifat loba nu muhit. Kitu deui ajaran kasumedangan nu meh sarua jeung ajaran kagaluhan.

Munasabah kituna mah. Apan, keur mah ti awal inyana geus boga pangaruh gede dina widang agama Islam, ma’rifat jeung kasumedangan, katurug-turug diparengkeun jadi mertuana Prabu Geusan Ulun atawa Angkawijaya. Putra kakasihna katelah Ratu Cukang Gedeng Waru ngadahup ka Prabu Geusan Ulun.

Raden Gumilar nyebutkeun Sunan Pada teh turunan langsung ti Prabu Jaya Dewata alias Sri Baduga Jaya Dewata alias Prabu Siliwangi ti Ratu Raja Mantri. Jujuluk sejen keur Sunan Pada: Raden Hasata alias Dung Wangi. Teu jenter ngaran aslina mah, lantaran tokoh jaman baheula mah leuwih sohor ku julukanana.

Baca Juga: Toponomi Sadananya Kabupaten Ciamis Ceuk Tradisi Lisan Dumasar kana Sipat Wargana

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x