Panineungan Ngala Haremis, Sumber Protein ti Alam

- 6 September 2023, 12:00 WIB
NGALA haremis di solokan, ayeuna mah haremis teh geus langka, solokanana oge geus keumeuh, loba runtah jeung caina geus kotor. Bareto mah haremis teh bisa diandelkeun keur nyump0nan giji. 
NGALA haremis di solokan, ayeuna mah haremis teh geus langka, solokanana oge geus keumeuh, loba runtah jeung caina geus kotor. Bareto mah haremis teh bisa diandelkeun keur nyump0nan giji.  /

GALURA.CO.ID -Haremis bareto loba pisan dina solokan teh. Asal daek ngala, moal kakurangan giji. Ngan ayeuna mah haremis teh geus langka.

Nagara urang geus kacatur ku rupa-rupa kabeungharan alamna. The Amazon of Asia, Isla Del Oro, Suwarnabhumi, atawa Jawa Dwipa. Lalandian bangsa deungeun kitu teh nuduhkeun Indonésia subur-ma’mur loh jinawi. Sasatoan, tatangkalan, emas, pérak, tambaga, batu bara, minyak bumi jeung réa-réa deui, nyampak kabéh.

Éta sakabéh kakayaan alam nu kacida pentingna pikeun kahirup-kumbuhan umat manusa di alam dunya. Indonesia kawentar ku kasuburan taneuhna, naon waé nu diceceubkeun tangtu bakal jadi ngawujud pepelakan. Naon anu aya hirup di cai tangtu aya gunana pikeun manusa.

Baca Juga: Nyiramkeun Pusaka Talaga Manggung, Meresihan Titinggal Karajaan Talaga Manggung

Baréto keur leutik nepi ka mangsa rumaja aya panineungan moal bisa poho. Mungguh kitu apan urang mah ara elat ka nu tibelat, ka nu geus lawas, teu weléh nyoréang mang­sa ka tukang. Naha alus lamun nyoréang deui ka tukang? Tangtu alus malar pikeun nguatan jatidiri, sangkan urang teu leungiteun cecekelan enggoning nyorang mangsa datang.

Bareto, di lembur Cimamut, Sadananya, Kabupaten Ciamis, mun pareng hujan paheula-heula muru wahangan atawa solokan. Aya nu nguseup, negér, ngecrik atawa ngaheurap, jeung nyirib. Tapi lamun maju halodo, caina leutik, paheula-heula muru solokan ngala haremis, toé, jeung kijing. Nu parena mah ngala haremis.

Haremis téh salasahiji jenis kerang anu wujudna leutik hirupna di solokan atawa wahangan. Cangkangna simétris rada buleud, bisa nutup jeung muka, warnana hideung kasoklatan jeung semu konéng, jerona atawa awakna bodas lamun dicabak beyé. Gede kandungag gijina, sok dipake tamba ku boga kasakit liver.

Ka solokan ngala haremis

Teu budak teu kolot, awéwé lalaki sok ting alabring ngecak ka solokan. Anu jadi pangjugjugan Solokan Citando, kawentar loba haremis, toé jeung kijingna. Solokana nyalubek semu iuh loba kakayon anu ngaroyom. Diluluguan ku Bi Ésih, kira wanci keur rumang­sang bring arindit mapay-mapay galeungan muru Solokan Citando.

Aya anu ngajingjing sair atawa sangku, wawadahan jiga baskom jeung émbér. Cunduk ka solokan, tinggelebrus aya nu nguyek ngumpul di hiji tempat nu dianggap loba haremisna, aya ogé anu mencar, tujuanna mah supaya teu pacoro tangtuna kabéh nu nyair beubeunangan. Kumaha cara ngala haremis téh?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x