Nyiramkeun Pusaka Talaga Manggung, Meresihan Titinggal Karajaan Talaga Manggung

- 5 September 2023, 19:00 WIB
Tita Juwita Hifdiyah S.IP., turunan Karajaan Talagamanggung, nu oge Wakil Ketua Widang Budaya DPC PDI P Kabupaten Majalengka (kenca), bareng jeung rundayan Talaga Manggyung lianna nyiramkeun Patung Ratu Simbar Kancana, di Musieum Talaga Manggung, Senen (04/09/2023).
Tita Juwita Hifdiyah S.IP., turunan Karajaan Talagamanggung, nu oge Wakil Ketua Widang Budaya DPC PDI P Kabupaten Majalengka (kenca), bareng jeung rundayan Talaga Manggyung lianna nyiramkeun Patung Ratu Simbar Kancana, di Musieum Talaga Manggung, Senen (04/09/2023). /Ayank Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Nyiramkeun Pusaka Talaga Manggung, dilaksanakeun tanggal antara 11 - 19 bulan Safar milih tanggal meneran poe Senen. Taun ayeuna 2023 dilaksanakeun, Senen tanggal 4 September 2023.

Nyiramkeun Pusaka Talaga Manggung kudu digelar poe Senen lantaran poe eta Rangga Mantri nganut agama Islam, sarta tilar dunyana Sunan Talaga Manggung di poe Senen di bulan Safar.

Kepala Disparbud Kabupaten Majalengka, H. Ida Heriyani netelakeun, nyiramkeun ngandung harti ngamandikeun atawa meresihan. Nyiramkeun Pusaka Talaga Manggung hartina meresihan pusaka koleksi Museum Talaga Manggung.

Baca Juga: Tempat Jaroh di Bulan Mulud nu Bisa Dijugjug Kareta Api Commuter Line Bandung Raya

"Nyiramkeun hartosna kagiatan ngabersihan artefak oge titinggal Karajaan Talaga Manggung nu disimpen ku katurunanna," ceuk H. Ida, Senen (4/9/2023).

Nyiramkeun Barang Pusaka ti 9 Cinyusu

Ida nyebutkeun, cai nu digunakeun pikeun ngamandikeun barang pusaka titinggal Karajaan Talaga Manggung diala ti 9 cinyusu: ti Gunung Bitung, Situ Sangiang, Cikiray, Wanaperih, Lemahabang, Regasari, Ciburuy, Cicamas jeung Nunuk. Dibawana dina ruas awi koneng.

"Cai dicandak ku kuncen ka Museum Talaga Manggung kangge dihijikeun dina kendi, terad diaoskeun dunga sacara Islam," ceuk Kadis Parbud. Caina tuluy digunakeun pikeun nyiram arca, pedang, goong katut barang pusaka lianna.

Dina ritual Nyiramkeun Pusaka Talaga Manggung sababaraha titinggal kerajaan saperti kendi, gamelan, keris, senjata, jeung sajabana dipamerkeun di hareupeun panggung jeung sasajen.

Baca Juga: Warung Mang Engkus di Panawangan Ciamis Medalkeun Sarjana UPI Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah