Tempat Jaroh di Bulan Mulud nu Bisa Dijugjug Kareta Api Commuter Line Bandung Raya

- 4 September 2023, 06:00 WIB
Nu jaroh keur menekung di hareupeun makam Syeh Muhammad Yusuf bin Djajanegara atawa  leuwih kakoncara ku sebutan Syeh Baing Yusuf.
Nu jaroh keur menekung di hareupeun makam Syeh Muhammad Yusuf bin Djajanegara atawa leuwih kakoncara ku sebutan Syeh Baing Yusuf. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Awal bulan Mulud 1957 taun Jawa atawa Rabiulawal 1445 H dina kalender Masehi taun 2023 meneran poe Ahad, 17 September 2023. Dina tradisi di urang, bulan Mulud mindeng dipake upacara ritual, di antarana dipake jaroh ka makam-makam para wali jeung aulia nu nyebarkeun agama Islam.

Dina bulan Mulud nu dina kalender Islam ngaranna Rabiulawal, makam-makam para wali jeung aulia  loba nu ngajarohan. Anu jarohna teh boh sorangan-sorangan,  miangna make motor atawa mobil pribadi, boh rombongan make bus pariwisata, ngahaja dicarter pikeun sababaraha poe.

Di antara makam-makam aulia nu gede jasana dina nyebarkeun agama Islam di Nusantara nu dina bulan Mulud beuki loba nu ngajarohan teh makam Mama Rendeh di Rendeh Kabupaten Bandung Barat jeung Makam Syeh Baing Yusuf di Kota Purwakarta.

Baca Juga: Jaroh Tengah Peuting ka Makam Syeh Baing Yusuf, Dibaturan ku Angin Ngahiliwir

Bulan Mulud hayang jaroh ka Makam Mama Rendeh jeung makam Syeh Baing Yusuf sorangan sarta henteu mawa kandaraan pribadi, jeung jarohna ti peuting henteu hese, hususna keur urang Bandung jeung sabudeureunana: miangna dina kareta api commuter line Bandung Raya (385) relasi Cicalengka  Purwakarta.

Kareta api commuter line Bandung Raya (385) ti Cicalengka miangna jam 19:55 WIB, sarta eureun di Stasiun Haurpugur, Rancaekek, Cimekar, Gede Bage, Kiaracondong, Cikudapateuh, Bandung, Ciroyom, Cimindi, Gadobangkong, Padalarang, Cilame, Sasaksaat, Maswati, Rendeh, Cikadongdong, Plered, Sukatani, Ciganea, jeung Purwakarta.

Kareta api commuter line Bandung Raya (385) tepi ka Stasiun Rendeh jam 23:18 WIB. Mun kakara jaroh ka makam Mama Rendeh, bisa nanyakeun ka satpam Stasiun Rendeh. Teu jauh, ti Stasiun Rendeh ka makam Mama Rendeh kurang lima menit.

Ti sisi jalan, aya plangna dina gapura asup. Di dinya aya masjid gigireun cungkup makam Mama Rendeh. Memeh jaroh hadena solat heulat tahiatul masjid, solat taubat jeung solat hajat, ngadua jeung tawasulan. Beres eta mah terus jaroh.

Baca Juga: Warung Mang Engkus di Panawangan Ciamis Medalkeun Sarjana UPI Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah