Gunung Wayang, Tempat Datangna Angin Para Déwa

- 13 Agustus 2023, 07:08 WIB
Pamandangan ti Gunung Wayang, Pangalengan Kabupaten Bandung, Jawa Barat.
Pamandangan ti Gunung Wayang, Pangalengan Kabupaten Bandung, Jawa Barat. /

GALURA -Wayang dina ngaran Gunung Wayang upamana nu aya di Lembang Kabupaten Lembang jeung di Pangalengan Kabupaten Bandung lain dicokot tina kecap wayang. Tapi asalna tina kosmologi Sunda nu teu ngaharip-harib acan kana wayang, kana carita wayang, boh epos Mahabarata boh epos Ramayana.

Dina versi Sunda, Wayang asalna tina kecap wa jeung hyang. Wa hartina angin, hyang hartina déwa. Wayang hartina angin déwa. Pangna disebut angin dewa lantaran matak ningtrimkeun, matak ni'mat, matak nyegerkeun, komo mun urangna keur ngareureuhkeun capé mah, upamana tas digawé atawa tas nyorang lalampahan jauh.

Sakur patempatan anu maké ngaran Wayang, kajaba ti anginna ngahiliwir ogé pamandanganana hadé. Alamna kapiara, cai cur-cor ngagenyas hérang, tutuwuhan héjo lémbok, manuk récét disarada, sasatoan séjénna kalayan lalugina bisa hirup sarta nanjeurkeun kasaimbangan alam nu diperlukeun pisan ku manusa.

Baca Juga: Sega Jamblang Kuliner Has Cirebon, Lain Ukur Pedah Dibungkus ku Daun Jati

Patempatan nu kitu téh di antarana Gunung Wayang di Pangalengan Kabupatén Bandung, jeung di Gunung Wayang Kabupaten Bandung Barat, deukeut Situ Lembang.

Di dua gunung bieu, anginna ngahiliwir jeung pamandanganana éndah. Najan ari alamna mah kiwari téh geus digunasika ku manusa nu teu mikaheman alam jeung lingkungan.

Gunung Wayang nu aya di Pangélangan Kabupatén Bandung geus ti baheula mula dipikawanoh. Hartina ngaranna geus aya ti baréto, lain ngaran anyar.

Ku Bujangga Manik, pandita abad ka-15 teureuh karaton Pakuan-Pajajaran nu dua kali ngalalana di Pulo Jawa jeung Bali, Gunung Wayang disabit waktu nyaritakeun balik ngalalana nu kadua kalina:

Sadari aing ti inya/ Leumpang aing ngidul-ngetan/ Meuntasing di Cimarijung/ Meuntasing di Cicarengcang/ Meuntas aing di Cisanti/ Sananjak ka Gunung Wayang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x