Puncak Karantenan Misteri Gunung Sawal Kabupaten Ciamis

- 12 Juli 2023, 08:49 WIB
Kulah di Puncak Karantenan, puncak Gunung Sawal, salasahiji gunung di Kabupaten Ciamis, nu pangluhurna.
Kulah di Puncak Karantenan, puncak Gunung Sawal, salasahiji gunung di Kabupaten Ciamis, nu pangluhurna. /Picasa 3.0/

GALURA -Ceuk sakaol mistikna Gunung Sawal di Kabupaten Ciamis sabanding jeung Gunung Gede di Bogor. Sarua loba patilasan nu direumbeuy carita mistikna jeung rea tempat nu dianggap karamat, salasahiji Puncak Karantenan.

Gunung Sawal nu puncakna dingaran Puncak Karantenan teh ngembat manjang, wilayahna ngawengku salapan kacamatan di Kabupaten Ciamis: Kecamatan Cipaku, Cikoneng, Sadananya, Cihaurbeuti, Panumbangan, Lumbung, Sindangkasih, Panjalu, jeung Kecamatan Kawali.

Puncak Karantenan teh ponclot Gunung Sawal pangluhurna. Luhurna 1.764 meter tina beungeut cai laut (meter dari permukaan laut, mdpl), di Kabupaten Ciamis mah pangluhurna.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak Edisi Minggu II Juli 2023, Ngaguar Milangkala ka-243 Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis

Gunung Sawal, diapit ku gunung nu leuwih handap, di antarana Gunung Bongkok (1.231 mdpl), Pasir Ipis (1.664 mdpl), Gunung Cingambat (1.420 mdpl) serta Gunung Langlayang (1.009 mdpl).

Puncak Karantenan geus kaasup objek wisata. Ngan leuwih deukeut kana objek wisata budaya. Puncak Karantenan loba nu ngajarohan, di sagigireun anu kemping atawa hiking nu resep leuleuweungan.

Puncak Karantenan gampang dijugjug ti Desa Kertamandala Kecamatan Panjalu. Dina sabulanna nu jaroh ka Karantenan tara kurang ti 100 urang. Loba nu meuting di dinya, ngahaja nyieun tenda darurat, hateupna tina deklit jeung tihang dahan kai meunang nutuh dui dinya.

Ceuk sakaol Puncak Karantenan ku raja di Panjalu jeung ku turunana dianggap tempat sakral. Malah nu hayang asup ka Bumi Alit, tempat nyimpen barang-barang pusaka titinggal karajaan oge kudu naek heula ka puncak Karantenan. Meuting sarta subuh-subuh mandi kulah nu teu jauh ti Puncak Karantenan.

Baca Juga: Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh, Kawasna Moal Jadi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x