Kangjeng Prebu, Bupati Manten Galuh nu Mampuh Mengkolkeun Jalan Kareta Api

- 12 Februari 2023, 12:00 WIB
Kangjeng Prebu atawa Adipati Aria Kusumadingrat  gede pisan komarana. Geus pangsiun oge mampu mengkolkeun jalan kareta api.
Kangjeng Prebu atawa Adipati Aria Kusumadingrat gede pisan komarana. Geus pangsiun oge mampu mengkolkeun jalan kareta api. /

GALURA -Dina sejarah Kabupaten Galuh, Adipati Aria Kusumadingrat nu dijulukan Kangjeng Prebu, teh bupati nu komarana luhur pisan. Eta wae basa mireng jalan kareta api moal ngaliwat ka Ciamis langsung protes ka pamarentah Hindia Walanda.

Kangjeng Prebu teh ngajabat bupati Galuh ti taun 1839-1886. Ngan bawaning sima jeung komarana gede pisan, sanggeus pangsiun oge mampu mangaruhan pamarentah kolonial Walanda waktu nyieun kareta api di Priangan.

Pamarentah kolonial Walanda tadina dina nyieun jalan kareta api moal ngaliwat ka Ciamis, ti Manonjaya teh rek langsung ka Banjar. Alatan diprotes ku Kangjeng Prebu, jalan kareta api jadi ngaliwat ka Ciamis.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Jalan kareta api beulah kidul Jawa Barat teh pikeun kapentingan ekonomi jeung militer pamarentah kolonial Walanda, babakuna dina ngajaga kaamanan.

Erel kareta api jalur kidul, ngaliwatan Jawa Barat, tahap munggaran, Bogor-Sukabumi-Bandung rengse 17 Mei 1884. Taun 1889 diteruskeun ku pangwangunan erel Bandung-Cibatu.

Ti Cibatu dibangun deui tepi ka Tasikmalaya, rengse 16 September 1893. Rel kareta api laju dibangun deui ti Tasikmalaya ka Banjar jeung Maos, rengse tanggal 1 November 1894.

Tadina jalan kareta api di Pariangan Jawa Barat nu dipigawe ku Staatspoorwegen (SS), pausahaan kareta api milik pamarentah kolonial Walanda, moal ngaliwatan Kota Ciamis. Ti Manonjaya teh lempeng ka Cimaragas sarta terus ka Banjar.

Baca Juga: Kawali Jadi Puseur Karajaan Sunda Galuh, Ngahiji jeung Karajaan Sunda Puseur Karajaan Pindah ka Pakuan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x