Head Line Galura Cetak Edisi Minggu II Juli 2023, Ngaguar Milangkala ka-243 Desa Ciparigi, Kabupaten Ciamis

- 11 Juli 2023, 13:15 WIB
Head line Galura cetak Edisi Minggu II Juli 2o23  Milangkala Desa Ciparigi, Nincak dina Tangtungan Budaya
Head line Galura cetak Edisi Minggu II Juli 2o23 Milangkala Desa Ciparigi, Nincak dina Tangtungan Budaya /Nanang /Galura

GALURAMilangkala Desa Ciparigi, Nincak dina Tangtungan Budaya. Kitu judul head line Galura cetak Edisi Minggu II Juli 2o23 nu medal Rebo, 12 Juli 2023. Pikeun nyusun ieu tulisan Galura ngahaja miangkeun wartawanna ti Bandung, muru ka Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Desa Ciparigi teh hiji-hijina desa di Kecamatan Sukadana nu maneuh ngareuah-reuah milangkalana dina tanggal 20 Juli. Taun ayeuna milangkala nu ka-243. Di Kabupaten Ciamis arang desa nu mieling milangkalana, najan pamekaran ti desa sejen nu aya bisluitna atawa SK-na. Nu matak ku Galura cetak dijadikeun head line.

Milangkala ka-243 Desa Ciparigi taun 2023 ayeuna lumangsung tilu poe, 20-22 Juli 2023. Acarana euyeub oge: tawasulan, fashion show, jalan santey, pameran produk, pagelaran ronggeng, dipungkas ku pentas seni ti warga jeung ti Paguyuban Seni Budaya Manik Dipakusumah. Pajabat ti Kecamatan Sukadana jeung ti Kabupaten Ciamis bakal ngaluuhan.

Baca Juga: Anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq Ngaluuhan Pagelaran Budaya Sadar Bencana di Alun Alun Sumedang

Desa Ciparigi diadegkeun taun 1780. Ceuk sakaol tanggal 20 Juli, ngan masih keneh dumasar asumsi, lain dumasar kana bukti tinulis, bisluit, SK atawa prasasti. Pedah kapanggih tulisan pedarah sejarah Desa Ciparigi nu titimangsana tanggal 20 Juli 1979. Nya dicindekkeun titimangsa ngdeg Desa Ciparigi teh tanggal 20 Juli.

Kuwu (kepala desa) munggaranna ngaranna Karsim, nu nelah ku sebutan Eon. Kantor pamarentahanana di Dusun Ciparay, terus pindah ka Gegenteng Bojonglengo. Karsim jadi kuwu ti taun 178o tepi ka taun tepi ka taun 1800.

Di Desa Ciparigi rea situs sejarah nu ku masarakatna disebut karamat. Aya 14 karamat sarta aya 24 tokoh nu dikurebkeun atawa nu mibanda patilasan di 14 karamat bieu. Ngan taya hiji oge patilasan nu geus ditalungtik ku arkeolog, malah tacan aya hiji oge nu make plang cagar budaya.

Tulisan sejenna dina Galura cetak edisi Minggu II Juli 2023, dina rubrik Warna-warni ngeunaan panineungan kareta api Bandung – Ciwidey. Cdenah mah rek direvitalisasi, ngan tepi ka ayeuna tacan aya realisasina. Duka iraha rek dibukana deui jalur kareta api Bandung - Ciwidey

Baca Juga: Juag Kurban Sapi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah