Juag Kurban Sapi

- 10 Juli 2023, 07:51 WIB
/

 

Juag Kurban Sapi

Ku NS Priatna

JUAG rarayna ngadadak beureum, waosna kekerot, ramo leungeunna, duanana, dikeupeulkeun mani tipepereket. Jung nangtung, merong badegana nu keur deku dina ubin bari ngeluk tungkul. Laju lajag-lejeg bari nulak cangkeng, lambena nu pias lantaran tacan dilipen stip, mani monyong-monyong wae, siga nu rek sapok-pokeun ngagantawang nyarekan laklak dasar.

“Kurang ajar Si RT, kacida teuing,” pokna teugeug.

“Abdi teu tiasa nanaon, Agan. Upami Si Denok teu dibantun deui bilih kumaha onam.”

“Ayeuna di mana Si Denokna?” Juag nyengledkeun leungeun bajuna, rarayna masih siga tambaga atah beuleum.

“Di luar, di sisi jalan,” tembal badegana.

“Aman? Moal kabur?”

“Moal, Agan, dijagi ku duaan.”

“Eta bener Si RT menta buruh sangkan Si Denok ditarima?”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x