RSUD Bedas Bojongsoang  Impian  Bupati Bandung  Waktu Masih  Jadi Kades

- 14 September 2023, 06:34 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaresmikeun dimimitianana pangawangunan RSUD Bedas Bojongsoang, imipian ti keur jadi kades.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaresmikeun dimimitianana pangawangunan RSUD Bedas Bojongsoang, imipian ti keur jadi kades. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna mernahkeun  batu munggaran dimimitianana ngawangun Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Bedas Bojongsoang di Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Rebo 13 September 2023.

RSUD nu diadegkeun di lahan sahektar leuwih tèh  ditaksir mèakeun  anggaran kana Rp31 miliar. Ceuk Dadang Supriatna, pangwangunan RSUD Bedas Bojongsoang teh tarèkah  pamarèntah   daerah dina nyayagiikeun panglayan  kasèhatan pikeun masarakat.

Dadang Supriatna ngaku ngarasa bungah kacida  sabab salasahiji  impianana nyaèta  hayang ngadegkeun  rumah sakit agrèng  di lemburna ngawujud sanggeus  dirina jadi bupati. "Ieu rumah sakit disanggakeun kanggo  masarakat Bojongsoang  sareng  sabudeureunana,," ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Para Petetan Jawara Nulis di SDN Lebakwangi 01 Arjasari Kabupaten Bandung

Waktu  jadi Kepala Desa Tegalluar umur Dadang Supriatna 26 taun. Ceuk Dadang Supriatna, tiheula  masarakat di wilayah Bojongsoang utamana Tegalluar hèsè  mawa warga nu gering tur kudu dirawat.

Pangdeukeutna rumah sakti paling  dibawa ka RSUD Al Ihsan Baleendah atawa ka RSUD Hasan Sadikin Bandung. Ku kituna  inyana ngaku bungah tur reueus  ayeuna  bisa  ngawujudkeun impianana.

RSUD Bedas Bojongsoang tèh  rumah sakit kaopat  nu geus  diwangun Bupati Bandung Dadang Supriatna salila  dua taun mingpin  Kabupaten Bandung.

Samèmèhna, Dadang Supriatna geus ngabangun jeung ngaresmikeun dua RSUD: RSUD Bedas Kertasari  jeung RSUD Bedas Cimaung. Iwal  ti èta, danget ayeuna  keur dibangun RSUD Bedas Banjaran, jeung  awal taun 2024 engkè  bakal dibangun RSUD Bedas Pacira.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x