Merlawu Tradisi Muludan di Karamat Patapan jeung di Situs Ciluncat Desa Ciparigi Kabupaten Ciamis

- 13 September 2023, 06:00 WIB
Batu Pangsalatan di Situs Ciluncat Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, tempat digelarna Merlawu.
Batu Pangsalatan di Situs Ciluncat Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, tempat digelarna Merlawu. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID – Di Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis aya sababaraha situs sejarah. Dua di antarana dikaramatkeun sarta maneuh dilaksanakeun tradisi muludan: ritual Merlawu nu geus dilaksanakeun ti baheula mula.

Eta dua situs sejarah teh Karamat Patapan di Bojonglengo jeung Situs Ciluncat di Ciparay. Di ieu dua situs sejarah sataun sakali digelar tradisi muludan Merlawu nu waktuna beda.

“Merlawu di Karamat Patapan digelar ping 21 September 2023, Kemis malem Jumaah, ti tabuh 19:30 WIB,” ceuk Yanto, kuncen Karamat Patapan nu oge pagawe Desa Ciparigi. Merlawu di Karamat Patapan dina poe Jumaah minggu kahiji bulan Mulud.

Baca Juga: Galura Cetak III September 2023, Ritual Nyuguh di Kampung Kuta Ciamis dina Kaayaan Tigerat ku Cai

Yanto nyebutkeun acara malem Jumaah teh ritual nu sakralna. Saptuna, 23 September 2023, raramean keur ngareuah-reuah Merlawu. Rarameanana henteu dilaksanakeun poe Jumaah lantaran poe Jumaah mah umumna di eta daerah tara milampah aktivitas.

Ari di Situs Ciluncat, Merlawu digelar tanggl 6 Oktober 2023, poe Jumaah, Jumaaah Kaliwon. “Di Situs Ciluncat Merlawu digelar dinten Jumaah kaliwon,” ceuk Agus, nonoman nu ngarumat Situs Ciluncat bareng jeung bapana.

Taun ayeuna, Jumaah kaliwon meneran tanggal 6 Oktober 2023 dina pananggalan Masehi. Ari dina pananggalan Islam jeung Jawa mah tanggal 20 Mulud.

Dina Merlawu, boh di Karamat Patapan boh di Situs Ciluncat, warga anu miluan ritualna teu weleh loba. Malah tamu ti luar Desa Ciparigi oge ngahaja daratang.

Di Situs Ciluncat, Merlawu dilaksanakeun dua entragan. Nu kahiji, ti isuk-isuk tepi ka samemeh jumaahan, warga tawasulan di tutugan pasir Clincat, di hareupeun Batu Pangsalatan, batu demprak nu nyanghareup ka kiblat.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x