Galura Cetak III September 2023, Ritual Nyuguh di Kampung Kuta Ciamis dina Kaayaan Tigerat ku Cai

- 12 September 2023, 16:27 WIB
Galura cetak III September 2023, ngaguar ngeunaan ritual Nyuguh di Kampung Kuta, Kabupaten Ciamis.
Galura cetak III September 2023, ngaguar ngeunaan ritual Nyuguh di Kampung Kuta, Kabupaten Ciamis. /Nanang/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Galura cetak III September 2023 nurunkeun tulisan wartawanna nu ngaliput ritual Nyuguh nu digelar ku masarakat adat Kampung Kuta, Desa Karangpaningal, Kecamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis.

Nyuguh maneuh dilaksanakeun dina tanggal 25 Safar nu taun ayeuna meneran tanggal 10 September 2023, poe Ahad. Ditulis ku Galura cetak III September 2023, upacara intina dilaksanakeun sabada asar, satengah opat tepi ka sareupna, samemeh magrib.

Galura cetak III September 2023 nyebutkeun ritual nyuguh taun ayeuna mareng jeung usum katiga nu banget. Sawah gararing, malah mah tepi ka bareulah.

Baca Juga: Keur Leuwih Ngahangkeutkeun Pangwangunan, Kuwu Sinarjati, Majalengka, Ngistrenan 10 Perangkat Desa Anyar

Pikeun nyumponan pangabutuh cai beresih, urang Kampung Kuta nyieun sumur bor di tukangeun bale kampung jeung di deukeut masjid. Sumur borna teu jero, moal leuwih ti tujuh meter.

Ari keur nyaian lahan tatanen mah urang Kampung Kuta tacan bogaeun cara sangkan ari usum halodo henteu tigerat ku cai. Nyedot ti handap teu meunang. Wewengkon Kampung Kuta tacan kaliwatan ku irigasi maneuh.

Tina kituna, sawah di Kampung Kuta mah sawah guludug, dipelak jeung panenna sakali dina sataun. Padahal Kampung Kuta teh taun 2002 meunang hadiah Kalpataru, pangajen keur nu gede jasana dina widang lingkungan hirup.

Warga Kampung Kuta tukuh dina miara leuweung tutupan. Kaina tara aya nu ngala, sasatoanana tara diboro. Ngan ieu leuweung ayana di lebakeun kampung, cinyusu nu kaluarna teu bisa dikamalirkeun ka tonggoh, kudu make mesin panyedot.

Baca Juga: Samemeh Gestapu, Hidup Nasakom Ganyang Malayasia

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x