Mapella Unla dina Mapeling Mahasiswa Anyar, Nyalametkeun nu Kapahung di Lante 6

- 16 September 2023, 06:22 WIB
Mapella Unla ngalakukeun aksi penyelamatan dina  Masa Pengenalan Lingkungan (Mapeling).
Mapella Unla ngalakukeun aksi penyelamatan dina Masa Pengenalan Lingkungan (Mapeling). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Ratusan mahasiswa anyar Universitas Langlangbuana (Unla) Bandung nyaksian vertical rescue (usaha penyelamagtan) ti Lantè 6 Gedung Jayusman Unla. Aya kajadian naon?

Ieu mah ukur latihan babarengan nu digelar Mahasiswa Pecinta Alam (Mapella) Unla Bandung, PMI Jabar, jeung Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana Kota Bandung, Kemis 14 September 2023.

Ieu ogè runtuyan tina kagiatan Masa Pengenalan Lingkungan (Mapeling) pikeun mahasiswa anyar taun akademik 2023/2024.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Satutas aya sasalad covid-19 ayeuna runtuyan kagiatan Penerimaan Mahasiswa Baru (PMB) Unla 2023 dilaksanakeun sacara luring salila 4 poè, ti Rebu tepi ka Kemis, 13-16 September 2023 di Kampus Unla, Jalan Karapitan No.116 Kota Bandung.

Ceuk Kasi Rescue Dinas Kebakaran dan Penanggulangan Bencana Kota Bandung, John Erwin, pihakna ukur ngarojong atawan supporting ieu kagiatan ku ngirimkeun dua regu.

"Jumlahna 10 urang personel nu ka kampus Unla," ceuk John dibarengan Wakil Ketua PMI Jabar Kombes Pol. Purn. Dr. H. Ruhanda.

Iwal ti èta, Dinas Kebakaran ogè ngiagngkeun 1 unit mobil tangga jeung 1 unit mobil pemadam kebakaran tur 1 unit mobil komando. PMI Jabar ngirimkeun 1 unit mobil ambulans jeung 1 mobil komando.

Mapeling Unla dimimitian ku upacara bubuka nu dipingpin langsung ku Rektor Unla Brigjen Pol. (Purn) Dr. H. R. AR. Harry Anwar, S.H., M.H. minangka pembina upacara. Laju sidang senat terbuka panarimaan mahasiswa anyar Unla.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah