Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

- 15 September 2023, 21:02 WIB
Ketua Fraksi PKB DPR RI Cuncun Ahmad Syamsurijal, Ketua PKB Kabupaten Bandung Dadang Supriatna nu oge Bupati Bandung jeung Ketua PKB Muhaimin Iskandar.
Ketua Fraksi PKB DPR RI Cuncun Ahmad Syamsurijal, Ketua PKB Kabupaten Bandung Dadang Supriatna nu oge Bupati Bandung jeung Ketua PKB Muhaimin Iskandar. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Partai Keadilan Sejahtera (PKS) geus ngalaksanakeun Musyawarah Majelis Syura ke-9, Juma'ah 15 September 2023 peuting. Tina ieu musawarah ngahasilkeun lima kaputusan patali Pilpres 2024.

Tina lima kaputusan bieu, di antarana nguatkeun kaputusan Musyawarah Majelis Syura nu ka-8 nu ngarojong Anies Rasyid Baswedan bakal calon presiden (bacapres) dina Pilpres taun 2024, jeung netepkeun Muhaimin Iskandar bakal calon wakil presiden marengan Anies Rasyid Baswedan.

Kitu dipertèlakeun Presiden PKS, Ahmad Syaikhu. Ku ieu kaputusan majelis syuro, Ketua Umum PKB Abdul Muhaimin Iskandar asa kagunturan madu karagragan menyan bodas. Samèmèhna Muhaimin kacida miharep PKS bisa narima dirina jadi balon wakil presiden marengan balon Presiden Anies Baswedan.

Baca Juga: Subanglarang, Pasukan Berkuda nu Nyerang dina Waktu Subuh, Prabu Siliwangi Ngagem Agama Islam

Muhaimin ngaku poè Kemis sorè, 14 September 2023 dirina diondang ku PKS pikeun ngapresentasikeun gagasanana di hareupeun Majelis Syura PKS. Naon-naon anu ditepikeunana jadi bahan tinimbangan Majelis syura PKS

Muhaimin nepikeun hal ieu ka wartawan satutas jadi khotib Salat Juma'ah di Masjid Al Fathu, Soreang, Kabupaten Bandung, Juma'ah (15/9/2023).

Muhaimin nandeskeun, pasangan Amin (Anies Muhaimin) siap memener Indonesia ka hareupna. Gawè barèng Nasdem, PKB, jeung PKS baris ngabeungharkeun kabhinekaan nu aya di koalisi.

Gus Muhaimin nepikeun ogè, dicalokeunana jadi bacawapres sabab kasangtukang talatah ti para kyai nu sifatna rasional, doktrin agama, ogè inspirasi, nu ngalantarankeun dirina yakin kana koalisasi jeung Anies. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x