Kabupaten Ciamis Ngusulkeun Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang jeung Gunung Padati Jadi Leuweung Konservasi

- 15 September 2023, 10:00 WIB
Kulah di Puncak Karantenan, puncak Gunung Sawal, salasahiji gunung di Kabupaten Ciamis, nu pangluhurna sarta diusulkeun jadi leuweung konservasi.
Kulah di Puncak Karantenan, puncak Gunung Sawal, salasahiji gunung di Kabupaten Ciamis, nu pangluhurna sarta diusulkeun jadi leuweung konservasi. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pikeun leuwih ngantebkeun dina ngajaga alam, pamarentah Kabupaten (Pemkab) Ciamis ngusulkeun Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati jadi Hutan Konservasi.

“Ieu tilu wewengkon jadi Hutan Konservasi aya dina rencana tata ruang wilayah (RTRW) Kabupaten Ciamis taun 2019-2038,” ceuk Herdiat Suryana, bupati Ciamis.

Herdiat nyebutkeun RTRW ngeunaan status tilu gunung bieu geus dibadamikeun jeung DPRD Ciamis. Disaluyuan ku Gubernur Jabar sarta geus ditepikeun ka pamarentah pusat.

Baca Juga: Korwil Pendidikan Kecamatan Sindangkasih Kabupaten Ciamis: Tugas Guru teh Ngaladenan Siswa

Usulan Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati jadi Hutan Konservasi ditepikeun deui dina rapat paripurna, Salasa (7/3/2023) di Aula Tumenggung Wiradikusumah DPRD Ciamis.

Rapat paripurna harita DPRD Ciamis nyawalakeun Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Rencana Tata Ruang Wilayah (RTRW) Kabupaten Ciamis Tahun 2023-2043.

Dina eta kasempatan Bupati Ciamis ngajentrekeun ngeunaan usulan Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang jeung Gunung Madati jadi leuweung konservasi luyu jeung lampiran XI Raperda ngeunaan RTRW Kabupaten Ciamis Tahun 2023-2043.

”Pamarentah daerah (Kabupaten Ciamis) dina RTRW Kabupaten Ciamis Tahun 2023-2043 ngusulkeun parobahan status hutan produksi tetap dan terbatas di sabudeureun Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang jeung Gunung Madati jadi hutan konservasi,” ceuk Bupati Ciamis

Baca Juga: Kampung Kuta, Kampung Adat di Ciamis, Kungsi Nyuguhan Pasukan Pajajaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x