Program Unggulan SMPN 16  Tasikmalaya Miara Alam jeung Lingkungan

- 19 September 2023, 13:00 WIB
Bangunan SMPN 16 Tasikmalaya, program unggulan ieu sakolaa miara alam jeung lingkungan.
Bangunan SMPN 16 Tasikmalaya, program unggulan ieu sakolaa miara alam jeung lingkungan. /Galura/galura.co.id

 

Karek sataun ngajabat kepala SMPN 16 Kota Tasikmalaya, tapi Titin Suryani, S.Pd mampu mawa parobahan ka nu leuwih hade. Di antarana dina soal kabersihan jeung lingkungan sakola.

GALURA.CO.ID -“Nembé gé sataun ngalih ka dieu téh, nanging beurat awak nambihan,” ceuk Titin Suryani, S.Pd., Kepala SMP Negeri 16 Tasikmalaya bari imut. Ngobrol kituna téh basa PATREM Paguyuban Sastrawati Sunda nganjang ka éta sakola dina raraga Patrem Saba Sakola sawatara bulan katu­kang.

“Atuda badé teu betah kumaha, di dieu mah palataran sakola téh lega pisan, di pengkerna aya kebon. Sateuacan mayunan  padamelan téh, ngu­rilingan heula kebon, nyeuseup hawa seger bari ningalan hé­jona tutuwuhan, nyandak seger kana manah. Kantenan kana émutan ogé janten méncrang,” pokna deui bangun reueus.

Ieu sakola nu ngadeg taun 1986 téh lega lahanna 16.190 meter pasagi, ari lega wangunana 1.795 meter pasagi, pernahna di Jalan Cijolang Suka­rindik, Bungursari, Kota Tasikmalaya.

Baca Juga: Mapella Unla dina Mapeling Mahasiswa Anyar, Nyalametkeun nu Kapahung di Lante 6

Numutkeun Titin Suryani, S.Pd, kepala sakola nu aktip di organisasi profesi jeung kamasyarakatan  téh aya saba­baraha program unggulan nu jadi udagan sakola nu dipingpinna, di antarana nyiptakeun lingkungan nu resik, nyaéta “zéro sampah plastik.”

Carana,  saban ganti jam pelajaran barudak kudu miceunan runtah pelastik kana tempatna, boh nu aya di jero kelas, boh di luareun kelas, waktuna cukup lima menit. Ku kitu téh lingkungan sakola salilana be­resih. Lian ti éta, sok nga­yakeun lomba kabersihan antar kelas.

“Apanan upami kaayaan lingkungan pikabetaheun mah, kanggo guru-guru miwah staf didaramelna langkung soson-soson , nu dialajar gé lugina,” ieu carponis nu resep olah raga, ngadongéng, maca sajak, jeung nulis fiksimini téh nyaritana teu weléh dibarung ku imut.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x