Ngabagèakeun Kunker Presiden RI Bupati Bandung Apresiasi Rencana Diaktifkeunana Kereta Cepat Bandung- Jakarta

- 19 September 2023, 20:35 WIB
Bupati Bandung ngabageakeun Presiden Jokowi nu kunker ka Tegalluar.
Bupati Bandung ngabageakeun Presiden Jokowi nu kunker ka Tegalluar. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID- Presiden RI Joko Widodo kunjungan kerja (kunker) ka Depo Stasion Tegalluar, Kereta Cepat Jakarta Bandung di Cileunyi Kabupaten Bandung, Salasa (19/9/2023).

Presiden Joko Widodo dibagèakeun Bupati Bandung Dadang Supriatna katut rèng-rèngan Forkopimda Kabupaten Bandung jeung Forkopimda Jawa Barat.

Ceuk Dadang Supriatna, ka Tegalluar, Presiden RI jeung rombongan dina raraga nitènan tatan-tatanna launching KCJB (Kereta Cepat Jakarta Bandung).

Baca Juga: Galura Cetak IV September 2023, Ngaguar Pulo Majeti, Rawa Onom, jeung Kampung Siluman di Kota Banjar

"Simkuring kacida ngapresiasi kana rencana diaktifkeunana Kereta Cepat jurusan Bandung Jakarta ieui, " ceuk Dadang Supriatna dina lolongkrang ngabagèakeun Presiden, Salasa (19/9/2023).

Bupati Bandung miharep ku diaktifkeunana KCJB bisa ngabantu tur ngagancangkeun tumuwuhna paèkonomian di Jawa Barat umumna, hususna di Bandung Raya.

Bupati nyebutkeun, ti iber nu ditepikeun ku Dirut KCIC (Kereta Cepat Indonesia China), salila ujicoba ditaksir kana sataun sabulan setengah masarakat kacida antusias.

"Engkè sigana para kepala OPD jeung para ASN Kabupaten Bandung baris nyoba Kereta Cepat Jakarta Bandung," pokna.

Pamarèntah Kabupaten Bandung, ceuk Dadang prinsipna siap ngarojong saniskara infrastruktur keur ngajaga diopersikeunana Kereta Cepat Jakarta Bandung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah