Ungggal Poe Siswa SMA Muslimin Cililin Kabupaten Bandung Barat Tadarus jeung Solat Duha

- 20 September 2023, 17:00 WIB
SISWA SMA Muslimin Cililin Kabupaten Bandung Barat unggal poe tadarusan jeung solat Duha, keur ngabentuk karakter muslim.
SISWA SMA Muslimin Cililin Kabupaten Bandung Barat unggal poe tadarusan jeung solat Duha, keur ngabentuk karakter muslim. /Tetti/galura co.id

 

GALURA CO.ID -Pikeun ngabentuk karakter muslim, siswa SMA Muslimin Cililin Kabupaten Bandung Barat (KBB), unggal isuk, samemeh diajar di kelas, tadarus jeung solat duha berjamaah.

SMA Muslimin Cililin nga­deg taun 1987 sarta diresmikeun 18 Juli 1988. Pernahna di Jalan Raya Warung Awi, Desa Bongas, Kecamatan Cililin, Kabupaten Bandung Barat (KBB). Palataranana ngahiji jeung SMP Muslimin, tapi misah bangunan, pahareup-pahareup, duanana dipayungan ku yayasan nu sarua.

Aya sababaraha tokoh masarakat di éta wewengkon nu mokalan ngadegkeun ieu sakola téh. Di antarana  H. A. Dimyati, BA., nu ayeuna jadi Ketua Yayasan. Kasang tukang ngadegna sakola, lantaran waktu harita réa barudak nu teu bisa nuluykeun sakola ka nu leuwih luhur, sakola nu satingkat jeung SMA anggangna ti lembur téh aya kana 12 KM.

Baca Juga: Ku “Budak Pahatulalis”, Yasmin Khumairah Tandang di FTBI Tingkat Kabupaten Bandung

Kepala SMA Muslimin Cililin, Hj. Ai Nurlatipah, M.Ag, nyebutkeun aya sababaraha program SMA Muslimin Cililin pikeun ngamotekarkeun bakat, minat jeung kreativitas siswa, boh nu dilaksanakeun dina kagiatan sapopoé boh ékstrakulikulér. Tapi nu jadi program unggulan mah kagiatan kaagamaan.

Program unggulanana teh: saban isuk siswa dihiras sangkan babarengan ngaderes Qur'an atanawa tadarus jeung jamaah sholat duha. Waktuna sholat lohor ogé sok berjamaah. Program kaagamaan séjénna ngayakeun pasantrén saban ahir taun ajaran, tapi nu ieu mah pilihan, husus keur siswa nu minat.

Hj. Ai Nurlatipah, M.Ag nyebutkeun SMA Muslimin Cililin satékah polah ngaronjatkeun kompetensi jeung kamampu siswa dina widang literasi jeung numerasi, hususna keur siswa  nu nyongcolang  literasina. Program satuluyna keur ngararancang sangkan jadi sakola ramah anak jeung adiwiyata.

Prestasi SMA Muslimin Cililin saban taun ngaronjat, boh widang akademik boh non akademik, kitu deui pasilitasna beuki lengkep. Atuh pangajén ti Badan Akreditasi Negara (BAN) meunang Akreditasi A. Satuluyna kapilih jadi sakola penggerak angkatan ka-2, tur aya sababaraha urang siswa jeung alumni nu mampu jadi penulis, malahan aya nu jadi novelet.

Baca Juga: Program Unggulan SMPN 16  Tasikmalaya Miara Alam jeung Lingkungan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah