Lulusan PKBM Budi Utama Sindangkasih Kabupaten Ciamis Aya nu Jadi Anggota DPRD

- 24 September 2023, 08:00 WIB
Warga Belajar PKBM Budi Utama Sindangkasih keur  ngalaksanakeun  asismen. Lulusanana aya nu jadi anggota DPRD Ciamis.
Warga Belajar PKBM Budi Utama Sindangkasih keur ngalaksanakeun asismen. Lulusanana aya nu jadi anggota DPRD Ciamis. /Jarkasih/galura.co.id

GALURA CO.ID -Pusat Kagiatan Masyarakat (PKBM) Budi Utama nu perenahna di Dusun Cihideung RT 13 RW2, Desa Budiasih, Kacamatan Sindangkasih, Kabupaten Ciamis, salasahiji lembaga pendidikan nonformal nu dipapayungan ku Dinas Pendidikan.

“Sok sanajan PKBM kaasup lembaga pendidikan nonformal, tapi status pendidikan jeung hasil pendidikanana diaku ku pamarentah,” ceuk Ketua PKBM Budi Utama Sindangkasih, Imam Kusmana, waktu ngobrol jeung Galura.

PKBM Budi utama nyadiakeun sababaraha program Pendidikan: Paket A setara jeung jenjang SD, Paket B Setara jeung jenjang SMP sarta program Paket C setara jeung tingkat SMA.

Baca Juga: SDN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis Jadi Sakola Adiwiyata 2023

PKBM Budi Utama anu ngadeg taun 2014 geus ngaluluskeun warga belajarna ratusan urang. Lulusanana loba nu jadi pangusaha jadi guru, anu jadi anggota Dewan perwakilan Rakyat Daerah ( DPRD ) Ciamis oge aya

“Anu janten pamong desa sareng kepala desa oge lulusan ti PKBM Budi Utama Sindangkasih seueur,” ceuk Iman.

Warga belajarna ti dua kacamatan: Kecamatan Sindangkasih jeung Kecamatan Cihaurbeuti. Dina taun ajaran 2022-2023 jumlah warga belajarna aya 158 urang dibingbing ku 35 tutor ( guru).

Tatap muka samingu 2 kali, Kemi jeung Sabtu. “Udagan simkuring ngadegkeum PKBM supados murangkalih teu tiasa sakola atanapi teu tiasa neraskeun sakola di sakola formal, tiasa sakola atanapi neraskeun di PKBM,” ceuk Imam.

Imam nyebutkeun PKBM Budi Utama, siap ngawadahan warga belajar kanggo ngudag kasetaraan pendidikan anu diperlukeun ku warga belajarna. “Warga belajar anu sakola di PKBM ijasahna mah sami sareng sakola formal,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah