Ngajual Sumur

- 24 September 2023, 06:00 WIB
Ilustraso carpon
Ilustraso carpon /

NASRUDIN jeneng hakim agung di Karajaan Pérsia. Teu salah raja Persia milih Nasrudin jadi hakim agung teh. Nasrudin kaceluk hakim anu adil jeung wijaksana, kawuwuh IQna luhur. Kana kaputusanna taya saurang oge nu boga perkara ngarasa kuciwa.

Sakali mangsa aya dua urang lalaki anu ngadep ka hakim Nasrudin. Maranéhna paraséa merkarakeun hasil jual beuli.

Ceuk jalma kahiji: "Tuan Hakim, sababaraha poé ka tukang kuring téh meuli sumur ti jalma ieu. Geus dibayar, dikontanan. Naha kamari kuring ngala cai ti éta sumur dipénta bayaran, pajarkeun téh caina mah nu manéhna."

Ceuk jalma nu ngajual sumur: "Kuring mah teu salah, Tuan Hakim. Dina ijab kobulna ogé kuring mah ngajual sumur wungkul, teu nyebutkeun ngajual jeung caina. Jadi caina mah masih milik kuring. Mun hayang ngala caina, nya kudu mayar."

"Teu bisa kitu, atuh! Da kuring mah meuli sumur téh pedah butuh ku caina!" jalma kahiji protés.

"Da kuring mah ngajualna ogé sumurna, teu jeung caina!"

“Sumur teu bisa dipisahkeun jeung cai.”

“Bisa waé sumurna euweuh caian. Pan loba sumur nu euweuh caian. Ieu ngandung harti sumur teu indentik jeung cai. Nu matak kami mah ngajual sumurna, teu jeung ngajual caina.”

“Mun sumur silaing euweuh caian ku kuring moal dibeuli. Kuring meuli sumur silaing pedah aya caian.”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x