Ku: Éryandi Dahlan
DUIT kertas beureum dalapan lambar ngabagug kénéh dina méja. Pamere ti bapana budak. Moal ditarima tadina mah. Ngan, ras ka Si Adé. Pan kudu mayar SPP ka sakolana budak téh. Ongkoh deuih geus kawajiban nu bapana ngabayuan budakna. Tonggong beuki didedetkeun kana panyarandéan korsi nyoreang ka mangsa tukang.
Papisahna kuring jeung manéhna geus aya dua taunna. Harita kuring teu percaya kana omongan tatangga atawa batur gawéna. Da kuring mah percaya sagemblengna ka manéhna téh. Tapi geuning dina emprona mah kapercayaan kuring dimomorékeun ku manéhna.
Harita kuring ka kantorna. Lain rék nalungtik. Kabeneran baé tas balik ti pasar. Ari nepi imah, konci teu kapanggih. Ditéangan di mana-mana, euweuh. Kuring ka kantor manéhna, rék nginjem konci. Nepi kantor, kuring dibagéakeun ku sasaha. Da mémang kuring mah lar sup kadinya téh. Basa kuring dadaku rék manggihan salaki, nyokot konci, maranéhna ngaharuleng.
“Da Pa Lamu mah teu dines, Bu. Tos dua dinten teu ngantor. Saurna teu damang. Aya Surat Dokterna ogé,” ceukk Pa Toha, pagawé senior.
Kuring olohok, teu bisa ngomong sakémék-kémék acan. Geumpeur, nepi ka dianteurna balik ogé. Sup ka imah téh malibir ka jalan dapur nu aya jalan rusiah. Ti harita, kapercayaan kuring ka manéhna ngurangan.
Basa manéhna dadaku rék aya turni ka Pangandaran. Kuring ukur unggeuk. Geus rada jauh, kuring buru-buru nuturkeun manéhna numpak motor. Da aya dua motor di imah téh. Kaciri manéhna méngkol ka kénca, teu lempeng cara sasari mun rék ngantor.
Kuring terus nuturkeun bari sabisa-bisa rada jauh ambéh manéhna teu nempoeun. Di imah nu rada nenggang manéhna ngeureunkeun motorna. Kuring gé eureun. Tuluy malibir. Ngadeukeutan éta imah. Na atuh, teu nginjem panon teu nginjem ceuli. Kuring nénjo ku panon sorangan. Aya awéwé kaluar ti éta imah. Manéhna cipika-cipiki jeung éta awéwé tuluy arasup ka imah, silihkaléng. Haté panas asa dirérab. Tadina mah rék nuturkeun. Rék dipoto keur barang bukti. Tapi basa ngarampa saku, geuning teu mawa HP. Tadi téh keur dicas. Poho.
Kuring teu muru imah balik téh, méngkol heula ka katuhu muru lanceuk. Sadatangna tuluy wéh ngadongéngkeun naon-naon nu bieu katénjo. Kang Handa ambekkeun pisan. Kahayangna mah langsung ngontrog ka imah éta awéwé, ngan dihulag ku Ceu Karsih, pamajikanna.
Ceu Karsih méré saran yén ulah getas harupateun, kudu asak jeujeuhan, ulah langsung digerebeg. Ngajorag ka dinya gé kudu jeung aparat désa, diperhitungkeun ambéh bisa dibérésan harita kénéh.