Ihlas

- 4 September 2023, 09:23 WIB
Ilustrari: Budi Riyanto
Ilustrari: Budi Riyanto /galura.co.id/

Ku:  Evi Lestari

KEUR anteng ngagayem jukut di tegalan, hawar-hawar kadéngé sora nu talakbir ti jauhna. Matak kelar. Nyaho takbiran téh ku remen ngadéngé ti keur leutik. Indung sok ngadalingdut dodongéng bari ngaringkukan awak kuring. Ceuk indung, urang bangsa anu diistiméwakeun. Di antarana  onta, sapi, munding, embé. "Istiméwa kumaha?" Kuring panasaran. 

"Bangsa urang mah dikaitkeun kana kalengkepan ibadah muamalah, qurban ogé ékah. Sakumaha saban waktu poé Rayagung atawa saban taun bangsa urang dikurbankeun ogé diékahkeun. Mangjuta-juta saalam dunya tetep moal tumpur." kitu ceuk ema harita ka kuring.

Umur kuring ayeuna geus sawawa. Nga­janggélék jadi jalu gandang. Pangawakan jangkung badag. Bulu galing, hideung meles bangbaraan. Panon bolotot, tanduk maringkel nya seukeut.  Kuring jadi domba gagah. Kuat. Kuring geus jadi papaés haté kulawarga.

Inget kénéh harita panonpoé geus tunggang gunung, waktuna ngampih. Ti tonggoh rentang-rentang lalaki tuturubun.  Umurna lima puluh taunan.  Siga nu geus loma jeung nu boga imah. Mani uplek tapi teu ka pireng naon anu dicaritakeun. Teu kanyahoan jolna geus aya hareupeun. Manéhna ngomong sorangan bari nyéréngéh, “Kasép kieu domba téh.”

Lenyap haté kuring ngalenyap. Moal salah mun kieu bakal dibawa. Atuh sabataé, poé ieu nu disangka poéan bakal ngaguar kaéndah kalah mawa tunggara. Mana horéng arék misahkeun. Geus kasawang pimanaeun  bisa  nahan kasono, sasat teu panggih sakeudeung jeung ema asa sono nataku. Boa moal panggih deui, kitu pamikiran kuring mah.

Sing  rido, sing iklas mun isuk papisah, pok ema gerendeng. Tuluy sirah kuring diusapan, pipi digaléntoran pinuh ku kanyaah jeung kadeudeuh.  Kuring handeueul nu tan wates wangen, ngaguruh jero dada. Mudal dina murubutna cimata, awor jeung jumeritna  haté minuhan petengna peuting.

Kira jam satengah genep isuk, nu rék mawa geus nyampak.  Keur ngurangan kasedih tanduk kuring dibudal-badilkeun kana naon nu aya hareupeun.  Suku ditéjéh-téjéhkeun kana palupuh.  Teu lila beuheung kuring ditalian, ditarik satakerna.  Ema bangun nu ngarasakeun sakur nu karandap ku kuring. Ema surtieun kana guligah. Ema adug-adugan ti kandang hayang ngadeu­keutan.  Kuring gogorowokan ménta tulung.

 Ema gajanteng  neuteup kuring miang, nepi ka ngilesna di péngkolan. Teu karasa jalan gedé geus kasorang, tuluyna méngkol ka katuhu brasna ka lembur. Ti dinya mapay jalan lembur nu beulah kénca katuhueunna amparan sawah. 

Tungtung kulon pasawahan, pernahna di lembur sisi gunung di lingkung pasir jeung bubulak. Di dinya kuring nganjrek ayeuna. Kuring dipernahkeun dina kandang anyar ukuran saméter satengah ka saméter. Hateupna eurih disarungsum ku injuk.  

Keur anyaran datang mah dititah nyatu ogé sok haré-haré. Awak  ngorotan. Lamun peuting inghak-inghakan, meupeus peuting anu simpé. Untung aya ucing nu sok matu­ran. Manéhna sajongjongan melong.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x