Toko Kacamata

- 31 Juli 2023, 07:32 WIB
/


Ku: Lely Mulyawati

GEUS sapuluh taun campleng bulak-balik ka Cicendo, bagéan low vision. Budak cikal kaparengkeun kawaris mata mineus ti nini jeung uwana. Mun kaci nawar, gén turunan téh pinterna, alus milikna, beungahrna lain nu kieu patut.

Eh, bit kétang, keun waé, teu kudu dipaké aral atawa protés ka nu ngajadikeun panyakit. Mariksa rutin unggal genep bulan, bisi aya gejala liana nu kudu dikoréksi dokter. Nu dipikamelang téh ulah nepi ka aya cika-cika atawa siga kilatan cahaya dina paningalna nu ahirna bisa waé mareuman sapisan.

Tarékah ieu dibarengan ku uubar ka alternatip. Kungsi ka Cibaduyut, prosedurna anéh, panon budak dilétakan ku Si Terapis, terus dikeclakan peureuh. Kadua kali budak kalah ka pundung da harita geus kelas dua SMP. Geuleuh bau jigong cenah. Lasut wé ka dituna mah. Terus deui digurah ku cara India, tambahna dijiad ku ajengan.

Najan ahirna mah atung énéh, nereleng wé mineusna nambahan unggal waktu. Jumlah-jamléh kacamata ogé dina sapuluh taun ieu aya kana welas kali ganti, lian ti ganti ukuran, alesan séjénna mah lantaran potong téa, peupeus téa, bosen model téa jeung réa-réa deui.

Geus umur dalapan belas taun mah deuk diupayakeun operasi lasik, najan biayana puluhan juta, moal maksakeun ku BPJS bisi antri lila nungguan giliran. Watir nempo kandelna kaca nu napel dina panon budak.

Jaba karespna kana baskét, kacipta pas ngajrug ngasupkeun bal kana ring, kaca matana nu kandel jeung beurat ngagokan. Pangpangna mah sual éstétis, kaéndahan. Kaca nu kandelna badis bujur botol ngurangan aura manis budak rumaja putri.

Poé ieu gé geus asup jadwal pamariksaan. Teu daptar di nu regular sok ngantri lila, jabaning loba pisan tetempoan nu pikawatireun, ngahaja di paviliun VIP, rada mahal, genep kali lipet ti nu biasa. Apan cenah tong dzolim ka diri sorangan, lamun mampu mayar nu matak genah, keur naon nyiksa karep?

Panon budak dipariksa gemet. Dokter manis nu bageur téh nga-reugreugkeun diagnosana.

Matanya masih tetap seperti taun lalu, tidak ada penambahan. Artinya kalaupun mau dioperasi lasik sudah bisa dilakukan.”

Ummm, biayanya dipakai dulu bayar masuk kuliah Dok. Sekarang minta resép kaca mata baru aja.”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x