Ku: Déni Riaddy
Halimun nyimbutan kénéh lembur Cisempur, tonggoheun kebon karét Batu Lawang, Cibalong.
“A, ké tabuh sapuluhan pangnyandakeun daging ka Ceu Oon nya!” ceuk Néng, méméh indit ka sakola.
“Pesen sakumaha kitu?”
“Sakilo. Ké simpen dina panci luhureun kompor. Kahadé bisi hilap pancina turuban!” témbalna. Ku kuring dienyakeun.
Da enya, ku nenggang lembur téh, tara aya nu ngahajakeun ngider dagang ka dieu. Mun sakalieun hayang dahareun nu rada ngeunah, nya kudu nyiar bahanna ka Cibalong atawa sakalian ka Tasik. Remenna mah titip ka Ceu Oon, warung gigireun imah. Ceu Oon mah heuleut sapoé balanja ka kotana gé.
Méméh indit jumaahan titahan daging pesenan ti Ceu Oon datang. Sakumaha pesen Néng tadi, daging disimpen dina panci.
Balik jumaahan, kasampak panto gigir geus muka, Néng geus aya di imah. Bet langsung uruy, kabayang tuda sop panas. Sup ka jero, kasampak Néng keur ngahuhuleng di pawon nu sacangkéwok. Rét kana gelaran karpét hareupeun dipan, can aya deungeun sangu nanaon. Ukur sangu wé dina boboko leutik.
“Mana, A, daging ti Ceu Oon téh?” tanya Neng.
“Na panci luhureun kompor,” ceuk kuring bari nunjuk kana panci.