Ampir-ampiran éta jalma nu duaan paséa rongkah deui lamun teu dipisah ku Nasrudin mah.
"Heup! Heup! Ulah parasea. Dengekeun, kami ngarti, bener di dinya mah teu salah," ceuk Nasrudin ka nu ngajual sumur.
Ngadenge omongan hakim Nasrudin kitu, nu ngajual sumur seuri, asa meunang. Panonna ngareret ka nu meuli sumur nu teu bisa nyamunikeun kaheranna, malah asa diteungteuingeun ku hakim Nasrudin.
Teu lila hakim Nasrudin ngomong deui: "Ngan wayahna, sabab éta sumur geus lain boga di dinya, jadi cai nyaneh ulah aya di jero eta sumur, lantaran geus dibeuli. Salila cai nyaneh masih aya di jero eta sumur, nyaneh kudu mayar séwa ka nu boga sumur."
Nu ngajual sumur ngabigeu. Goloyong kaluar ti rohangan hakim Nasrudin bari teu ngomong sakemek-kemek acan.*** Iim (Meunang ngaropea deui tina sabaraha sumber)