SDN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis Jadi Sakola Adiwiyata 2023

- 21 September 2023, 08:00 WIB
Taun 2023 SDN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis, meunang Piagam Penghargaan  Adiwiyata jeung sakola Terakreditasi A.
Taun 2023 SDN 1 Sindangkasih Kabupaten Ciamis, meunang Piagam Penghargaan Adiwiyata jeung sakola Terakreditasi A. /Jarkasih/galura.co.id

GALURA CO.ID -Sakola Dasar Negeri (SDN) 1 Sindangkasih anu perenahna di sisi Jalan Raya Sindangkasih, Desa Sindangkasih, Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Ciamis, taun 2023 ayeuna meunang Piagam Penghargaan Adiwiyata jeung sakola Terakreditasi A Taun 2023.

Kitu ceuk Agus Kusmana, S.Pd, Kapala SDN 1 Sindangkasih. “Simkuring sareng para guru teras-terasan ngabebenah sakola supados tumaninah kanggo guru sareng siswa. Upami wae pakarangan sakola dilemgkepan taman sareng tatangkalan hias,” pokna.

Hasilna, lingkungan sakola jadi hejo lembok tepi ka meunang pangajen Sekolah Adiwiyata keur tingkat Kabupaten Ciamis. Siswa jeung guru-guru jadi baretaheun di sakola.

Baca Juga: Ungggal Poe Siswa SMA Muslimin Cililin Kabupaten Bandung Barat Tadarus jeung Solat Duha

Geus jadi Sekolah Adiwiyata taman jeung kakayon anu aya di buruan SDN 1 Sindangkasih beuki dirumat kalayan sahade-hadena. Lian ti eta lingkungan sakola beuki dibebenah ngaran mingkin pikabetaheun.

Widang nu aya patalina jeung akademik katut non akademik, kaasup sarana prasarana sakola oge dibebenah. Tina kituna SDN 1 Sindangkasih leubeut ku prestasi di tingkat kecamatan, kabupaten, provinsi tepi ka tingkat nasional jeung internasional.

Taun 2023 SDN 1 Sindangkasih meunang 2 piala tingkat internasional; siswana, Kananaya kelas 1, juara ka-1 dina kejuaraan taekwondo. Nu ka-2, kejuaraan pertukaran Budaya di Thailand, Kaila, siswi kelas 6.

Masih keneh rea prestasi sejenna nu dicanangkin ku SDN 1 Sindangkasih, di antarana: Seni Tari SDN 1 Sindangkasi nyangking juara ka-1 di tingkat Provinsi.

Piala-piala kajuaraan paragpag di lomari nu aya di rohangan guru. “Mudah-mudahan SDN 1 Sindangkasih janten lembaga nu bisa nyitak anak bangsa nu kualaitasna unggul,” ceuk Agus.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x