MAN 2 Tasikmalaya Rukun Gawe jeung Jepang, pikeun Leuwih Ngaronjatkeun Kualitas Atikan

- 20 September 2023, 15:00 WIB
Bangunan Madrasah Aliyah Negeri (MAN) 2 Tasikmalaya , gawe bareng jeung Jepang.
Bangunan Madrasah Aliyah Negeri (MAN) 2 Tasikmalaya , gawe bareng jeung Jepang. /Tetti/galura.co.id

 

 

GALURA CO.ID -Madrasah Aliyah Negeri (MAN) 2 Tasikmalaya mimitina mah dingaranan Sekolah Persiapan IAIN Al-Djami'ah Sunan Gunungdjati Tjipasung. Dumasar SK Menteri Agama RI Nomer 212, tanggal 27 Juli tahun 2015 ngaranna dirobah deui jadi MAN 2 Tasikmalaya.

Sulukna Nyantri, Nyunda jeung Nyeni. Nyantri hartina  ngestokeun ajaran Islam, nyeni mibanda ajén-ajén éstétika kalayan hadé budi pekertina, Nyakola mibanda sikep ilmiah, miara ajén-inajén  kualitas diri.

Tika Yuanita, SPd, salasaurang guru di dinya nu nyekel mata pelajaran Bahasa Sunda, alumni UPI Bandung, nétélakeun, jumlah siswa MAN 2 Tasikmalaya 1000 urang. Siswana lain ukur ti Tasikmalaya jeung sabudeureunana, tapi oge aya nu ti Kalimantan, Bali, Sumatra jeung sajabana.

Baca Juga: Ku “Budak Pahatulalis”, Yasmin Khumairah Tandang di FTBI Tingkat Kabupaten Bandung

Aya sababaraha program unggulan di ieu madrasah. Siswa dikeprik sina ngayakeun panalungtikan jeung nyieun karya ilmiah, satuluyna dihiras sina nyieun prodak inovatif saperti ngawarnaan kaén atawa nyieun motif ngagunakeun bahan-bahan alami saperti daun atawa kembang nu disebut ecoprint.

Lian ti éta, siswa didik  dibekelan pangaweruh ngeunaan tata busana. Keur kasaimbangan antara élmu kadunyaan jeung kaahératan, siswa  nu nyuprih élmu di MAN 2 Tasikmalaya diusahakeun ngawasa basa Arab jeung tahfidz Qur'an.

Pikeun ngaronjatkeun pangaweruh dina rupa-rupa widang atikan, ieu madrasah téh teu sungkan-sungkan ngayakeun program hubungan internasional jeung sakola-sakola di manacanagara, di antarana rukun gawé jeung sakola menengah umum di Thailand atawa Thailand CRPAO School, pon kitu deui Jepang Shizuka School.

Saban taun boh guru boh siswa  ti Thailand jeung Jepang aya nu ngadon magang sakola di MAN 2 Tasik, kitu deui guru jeung siswa MAN 2 Tasik aya nu ngahaja magang sakola di Thailand jeung Jepang. Rukun gawé téh nyoko kana neuleuman budaya, pangalaman ngajar pikeun guru, pangalaman diajar pikeun siswa.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x