Nganti 12 Taun Antukna Pamarèntah Ngaluarkeun SK Inpassing keur Guru Madrasah Non ASN

- 26 September 2023, 18:48 WIB
Ketua Pengurus Wilayah (PW) Perkumpulan Guru Madrasah (PGM) Jawa Barat, H.Hasbulloh, S.E,  MA, Ek.
Ketua Pengurus Wilayah (PW) Perkumpulan Guru Madrasah (PGM) Jawa Barat, H.Hasbulloh, S.E, MA, Ek. /Sopandi/Galura.co.id

GALURA.CO.ID–Ketua Pengurus Wilayah Perkumpulan Guru Madrasah (PW PGM) Provinsi Jawa Barat, H. Hasbulloh, SE., MA.Ek., ngabagèakeun medalna Surat Keputusan (SK) penyetaraan jabatan fungsional atawa Inpassing keur guru madrasah saluareun Aparatur Sipil Negara (ASN). Eta SK dikaluarkeun  Kementerian Agama (Kemenag).

Hasbulloh nganuhunkeun ka pamarèntah. Utamana ka Menteri Agama, Yaqut Cholil Qoumas, jeung Direktur Guru dan Tenaga Kependidikan (GTK) Madrasah Kemenag, Mohamad Zain nu  ngaakomodir para guru madrasah non ASN.

"Allhamdulillah salama 12 taun ngantos, ahirna pamarèntah perantawisan Kemenag ngaluarkeun SK inpassing kanggo guru-guru madrasah nu parantos kasertifikasi dina taun ieu,” ceuk Hasbulloh satutas ngayakeun Rapat Koordinasi PW PGM Jabar di Soreang, Kabupaten Bandung, Salasa (26/09/2023).

Baca Juga: Keur Leuwih Ngaronjatkeun Kualitas Lulusanana, SMK PGRI 1 Cimahi Gawe Bareng jeung Pauasahan Swasta

Hasbulloh nyebutkeu ku ieu SK Inpassing, guru-guru madrasah nu geus ngabogaan sertifikat pendidik bisa ningkatkeun karaharjaanana jeung kompetensina.  Kaluarna SK inpassing oge  ngajenan ka kaprofesionalan ngajalankeun pancenna, boh di Raudhatul Anfal (RA), Madrasah Ibtidaiyah (MI), Madrasah Tsanawiyah (MTs), boh Madrasah Aliyah (MA).

Hasbulloh nyebutkeun, wates umur pikeun meunang inpassing guru madrasah di handap 55 taun. “Janten para guru madrasah nu yuswana langkung ti 55 taun teu tiasa ngajengkeun SK Inpassing atanapi penyetaraan,” pokna.

Hasbulloh ogè ngarojong guru-guru madrasah nu geus katersertifikasi atawa penyertaan di taun 2011 ngajukeun penyetaraan golongan.

"Aranjeuna dirojong supados nga-update sareng verifikasi naon nu parantos dilakukeun, boh prestasi, karir boh nu sanèsna nu ngajantenkeun aranjeunna kamotivasi kanggo ngaronjatkeun penyetaran golongan kana SK inpassing nu katampi ku aranjeuna,” pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x