Tetep Munel, Galura Cetak V September 2023, Ngaguar Nelesan di Desa Nagarapageuh Panawangan Kabupaten Ciamis

- 26 September 2023, 15:22 WIB
Kaper Galura V September 2023.
Kaper Galura V September 2023. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Anu diangkat dina Galura cetak V September 2023, medal Rebo, 27 September 2023, ngeunaan Gebyar Budaya Nelesan di Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Geus dua kali noron Nelesan lumangsung gumebyar, taun 2022 jeung taun ayeuna, 2023. Biasana Nelesan dilaksanakeun di Cagar Budaya Pasarean, situs titinggal jaman megalitikum. Anu ngalaksanakeunana ukur kuncen jeung sababaraha urang gede perhatianana kana sejarah.

Nelesan teh ngumbah atawa meresihan barang pusaka. Desa Nagarapageuh memang mibanda pakarang heubeul, saperti keris, tumbak, naskah kuna, jeung keramik.

Baca Juga: Réog Dermayon Indramayu Jawa Barat Pantrang Unggah ka Panggung

Dua taun noron digumebyarkeun udaganana sangkan jadi agenda wisata budaya: pikeun narik wisatawan jeung ngahudangkeun ekonomi kreatif. Ka Situs Budaya Pasarean rea nu jaroh.

Dina Galura cetak V September 2023 dibahas hiji event jadi event wisata teu gampang, kudu aya hal-hal nu ngarojongna. Upamana cenderamata, kuliner, akses jalan, fasilitas jeung sajabana.

Tambah deui mun pamarentah desa rek ngabebenahna, upamana make dana desa puguh prosedurna. Pamarentah desa teu bisa ujug-ujug ngagebrokeun dana desa keur ngaropea event atawa tempat jadi asset wisata.

Nu matak Kuwu Nagarapageuh, Yoyo Suparyo, nyebutkeun masih keneh jauh pikeun desana jadi desa wisata. Yoyo narah kitu wae nyiptakeun bari teu didasaran ku kajian, babakuna keur kapihareupeunana: naha bisa langgeng henteu.

Baca Juga: Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah