GALURA.CO.ID -Ngarigelna téh maraké baju pawayangan, aya nu jadi Arjuna, Bima, buta, Hanoman, Gatotkaca, Yusdhistira, Semar, jeung réa-réa deui.
Aya deui nu maké kedok nu rupana pikalucueun jeung rarangkén atawa asésoris nu pikaseurieun. Nu ngaribing ngurilingan lembur téh dipirig ku tatabeuhan réog atawa dogdog.
Biasana seni réog sok dipintonkeun dina mangsa lebaran pikeun ngahibur sémah nu keur mudik di lemburna. Atawa sok dipintonkeun ngahibur barudak anu tas disunatan. Lamun agustusan gé tara kaliwat seni reog dipintonkeun.
Baca Juga: Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya
Baheulana seni reog dermayonan atawa Indramayu sarua jeung seni réog Sunda: kasenian dogdog anu pamaénna opatan.
Ku lantaran kadéséh ku seni sandiwara jeung seni tarling, réog dermayonan méh pareum. Para pamaén réog lolobana urut pamaén sandiwara anu palinter nari klasik.
Ka béhdieunakeun masarakat geus baroseneun nanggap tarling anu ngadangdut, organ tunggal, jeung sandiwara anu lalakonna tara pararuguh, atuh seni réog dikoréhan deui.
Dina poéan lebaran reog dermayonan marijah di jalan, teu di kota teu di padesaan. Ngarigel ngahibur nu tas solat id jeung laleumpang nu rek silaturahmi jeung koleha, dulur, atawa indung bapana.
Nu lalajo sok mindeng mere duit, najan udaganana mah nu ngareog keur ngahibur wungkul. Duit panyecepna dikumpulkeun sarta sorena dibuka jeung dibagikeun ka personil, gedena gumantung kana beubeunangan.