Pare Pandanwangi Kareueus Urang Cianjur Asalna ti Tasikmalaya

- 26 September 2023, 11:33 WIB
Pare pandanwangi, bibitna asalna ti Tasikmalaya dibawa ku sudagar beas urang Cianjur.
Pare pandanwangi, bibitna asalna ti Tasikmalaya dibawa ku sudagar beas urang Cianjur. /

GALURA.CO.ID -Anu ngaranna paré pandanwangi meh teu bisa dipisahkeun jeung Cianjur. Malah jadi kareueus urang Cianjur. Ari bibitna saenyana ti Tasikmalaya. Waktu dipelak di Cianjur, paréna jadi béda, sanguna ogé leuwih pulen jeung seungit.

hiji mangsa, taun 1970-an bandar paré urang Cianjur, ngaranna Haji Kosim, dibéré bibit paré ku urang Tasikmalaya, ngaranna paré bulu. Bibit paréna ku Haji Kosim dibikeun deui ka Haji Nawawi, patani jugala urang Désa Cisalak, Kacamatan Cibébér, Kabupaten Cianjur, sina dipelak.

Ku Haji Nawawi pelak pare buluna teh digemuk, dirambét sakumaha ilaharna ngurus paré di sawah. Tangkal paré jadina haradé jeung jangkung. Basa geus beuneur, jeung geus maju ka konéng, bentuk paréna béda jeung paré nu geus aya di Cianjur, buluna loba.

Baca Juga: Uus Rusdiana, Anggota DPRD Ciamis, Ngadongsok ka Pemda Ciamis Gancang Nyairkeun Dana Aspirasi

Ti mimiti tebar tepi ka panén téh pare bulu merelukeun waktu genep bulan. Paré IR, nu ti mimiti tandur tepi ka panen ukur tilu bulan, harita tacan dipikawanoh.

Ku Haji Nawawi terus dipanén, dipoé, ditutu sarta terus disangu. Tétéla sanguna téh pulen, seungit jeung rasana leuwih ngeunah. Urang Cisalak geunjleung, pédah di wewengkonna aya paré gedé anyar.

Juragan béas séjénna saperti Haji Dimyati jeung Haji Jalal nyobaan melak paré di Kampung Jambudipa jeung di Kampung Bunikasih, Kacamatan Warungkondang.

Hasilna ogé sarua jeung nu dipelak di Cibébér. Ngan waktu dicobaan dipelak di kacamatan séjénna, paré jeung sanguna kurang hadé. Antukna anu tiluan boga pamikiran éta varietas paré ngan bisa dipelak di tempat-tempat husus saperti di Cibeber, di Jambudipa jeung di Bunikasih Warungkondang. Di tempat sejen mah teu hade hasilna.

Dingaranan pandanwangi

Haji Nawawi, Haji Dimyati jeung Haji Kosim terus néangan pingaraneun paré gedé anyar nu dipelakna. Kungsi disebut paré Kosim, pédah nu mawana Haji Kosim.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x